Pangaruh 'Dunning - Kruger' dina Masarakat Informasi: Hasil Panalungtikan Dosen DKV Itenas Bandung

- 20 Desember 2023, 05:25 WIB
Dosen Program Studi Desain Komunikasi Visual Itenas Bandung, Dr. Agustina Kusuma Dewi, S.Sos., M.Ds., ilubiung dina Seminar Desain Nasional (SNADES) #4 anu diayakeun ku UPN Veteran Jawa Timur sacara hibrid, 10 Agustus 2023 kaliwat.*
Dosen Program Studi Desain Komunikasi Visual Itenas Bandung, Dr. Agustina Kusuma Dewi, S.Sos., M.Ds., ilubiung dina Seminar Desain Nasional (SNADES) #4 anu diayakeun ku UPN Veteran Jawa Timur sacara hibrid, 10 Agustus 2023 kaliwat.* /AKD/Galura/

Dina psikologi, ceuk panalungtikan Dr. Agustina téa, Efek Dunning-Kruger téh dipikawanoh minangka  bias kognitif, nyaéta jalma-jalma kalawan pangaweruh atawa kompetensi ngawates dina widang intelektual atawa sosial anu tangtu, ngaleuleuwihi kompetensi/pangaweruh sorangan dina éta widang, leuwih ti batur anu memang diajar kana widang kaélmuan jeung ngalegaan mitra (jejaring relasi) sacara akademis, jeung/atawa dumasar pangalaman praktis.

Numutkeun psikolog David Dunning jeung Justin Kruger, bias kognitif bisa kaalaman ku jalma anu sacara métakognitif teu bisa misadar kana kahéngkér jeung kakuranganana, sarta leuwih condong, kalawan informasi anu beunang ku inyana, nganggap dirina leuwih ahli atawa mampuh ngalakukeun hal nu leuwih hadé/kompeten dibandingkeun jeung nu séjén. Bias kognitif biasana ngamunculkeun  kapercayaan diri anu kaleuleuwihi, tinimbang kompetensi nu luyu anu dipibandana.

Tina hasil panalungtikan Dr. Agustina gé disebutkeun, kaayaan anu asup industri kreatif, utamana di wilayah Desain Komunikasi Visual, potensi pangaruh "Dunning-Kruger" téh baris mucunghul nalika ngajalankeun pola mikir desain ngan dumasar kana data-data dina internét, tanpa turun langsung jeung ngalakukeun observasi ka sasaran masarakat jeung/atawa sasaran pasar tepi ka tahap empati dina idéntifikasi masalah desain, digeneralisasi, sarta luaranna nyaéta hiji rarancang pikeun sakabéh masalah komunikasi.

Baca Juga: Pameran Republik Sandal Jepit Serupa Sekata, Gurat Lalakon Karya Nyata

Masalah séjénna, nyaéta, informasi dina internét bisa pisan didagangkeun, hartina, kecepatan sakapeung jadi leuwih utama tinimbang benerna informasi, jeung/atawa ngaliwatan konfirmasi katut klarifikasi saméméhna.

Aya kahariwang, tingkat literasi digital di Indonésia can optimal, pamakéan data digital dina rupa-rupa konteks, ngaleuwihan kompetensi literatif nu samistina. Teu saukur éta, kabutuh kana kecepatan nu dihadirkeun tina marketisasi informasi, aya pangaruhna kana ayana anggapan yen Désainer leuwih loba ngalakukeun ko-kreasi ngagunakeun template; atawa leuwih jauhna, aya sabagéan masarakat informasi dina era digital anu nyebut dirina Desainer, ngajual jasa desain, kalawan hargana sahandapeun angka layak pikeun profesi hiji Desainer.

Pikeun lengkepna, ieu artikel hasil panalungtikanna, bisa dibuka dina link: https://repository.upnjatim.ac.id/18108/ ***

Baca Juga: Dina RPJP 2025-2045, Pariwisata Kuningan Nyoko Kana Kalestarian Alam

 

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah