Bupati Ciamis Ngaluuhan Milangkala ka-11 Desa Natanegara Kecamatan Panawangan

- 19 Desember 2023, 19:19 WIB
Bupati Ciamis ngaluuhan milangkala ka-11 Desa Natanagara, Kecamatan Panawangan (19/12/2023).
Bupati Ciamis ngaluuhan milangkala ka-11 Desa Natanagara, Kecamatan Panawangan (19/12/2023). /Nanang S/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Bupati Ciamis Dr. H.Herdiat Sunarya, Salasa, 19 Desember 2023, ngaluuhan milangkala ka-11 Desa Natanegara, Kecamatan Panawangan.

Desa Natanegara teh desa bungsu pamekaran Desa Nagarapageuh, Kecamatan Panawangan.bNgan Desa Natanagara dimkerkeunana ti Desa Nagarajati. Tina kituna Desa Nagarapageuh jadi lima desa.

Dina biantara pangbageana, Bupati Ciamis ngaapresiasi guyubna masarakat Natanegara.

Baca Juga: Teu Meunang Nanggap Kasenian nu Ngalalakon Di Wilayah Budaya Cariu Ciamis

"Dina umur 11 taun Desa Natanegara masih ngora keneh pisan. Tapi simkuring ngaapresiasi guyubna masarakatnya nu luar biasa antusias jeung dina aub ngabangun Desa," pokna.

Bupati Ciamis nyindekkeun kitu teh lantaran nengetan lingkungan bararesih, fasilitasna lengkep, boh dina atikan boh dina kaagamaan.

Bupati nyebutkeun pangwangunan teh Aya dua rupa: lain ukur pangwangunan fisik, tapi oge pangwangunan ahlak.

Ceuk Bupati, pangwangunan fisik jeung ahlak bisa diwujudkeun, ma'murna desa luar biasa pisan.

Baca Juga: Pj Bupati Ciamis, Ketua DPRD Ciamis Nanang Permana: Dewan ngusulkeun Birokrat Asal Cikoneng

"Tina kituna, hayu urang sinergis antara tokoh agama, masarakat sareng pamarentah kanggo ngawujudkeun cita-cita urang sarerea," pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x