Taun 2023 Disdik Kabupaten Majalengka Nyumbang Satengahna Tina Beubeunangan Baznas Majalengka

- 14 Desember 2023, 09:35 WIB
Baznas Kabupaten Majalengka sosialisailsi zakat, impak, sedekah di Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka.
Baznas Kabupaten Majalengka sosialisailsi zakat, impak, sedekah di Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka. /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID –Pamarentah Kabupaten Majalengka dina hal ieu Dinas Pendidikan jeung Baznas Kabupaten Majalengka ngalaksanakeun Solialisasi Zakat, Infak sarta Sedekah nu dikumpulkeun ku Baznas Kabupaten Majalengka di lingkungan Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka.

Sosialisasi dibuka Bupati Majalengka Dr. H. Karna Sobahi,M.M.Pd, di Gedong Islamic Center, Rebo (13/12/2023).

Diluuhan Ketua Baznas Kabupateb Majalengka katut Komisioner sarta sakumna rengrengan Baznas Kabupaten Majalengka, Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka, sakumna kepala SD jeung SMP sa-Kabupaten Majalengka, sarta tamu ondangan lianna.

Baca Juga: Pimda Nyawah, Nyambungkeun Komunikasi di Lingkungan Pendidikan

Ketua Baznas Kabupaten Majalengka, H. Agus Yadi Ismail ngungkabkeun Baznas teh lembaga pamarentah non struktural nu sifatna mandiri tur tanggung jawab ka Presiden ngaliwatan Menteri,  Gubernur jeung Bupati di daerah.

Sacara umum Baznas mibanda tugas  ngalaksankeun tarekah ngumpulkeun, ngadistribusikeun, ngagolangkeun, ngalaporkeun. Baznas tanggung jawaban kana ngokolakeun zakat khususna di Kabupateb Majalengka.

Masih disebutkeun Agus, dina taun 2023 Baznas Kabupaten Majalengka geus ngumpulkeun duit hasil zakat infak katut sedekah di Kabupaten Majalengka sajumlah Rp14.568.933.000.

Jumlah sakitu teh panggedena batan taun-taun samemehna. Taun 2020 kakumpul Rp9 Miliyar, taun 2021, Rp12 Miliyar.

Baca Juga: Puluhan Anggota Korpri Kuningan Dilatih Mitigasi Bencana

"Di taun 2023 tos kakempel Rp 14 milyar langkung, Tina  zakat fitrah taun 2023, zakat profesi, infaq sedekah, gasibu, wakaf Al-Qur’an, hibah Pemda tur sajabina," pokna.

“Kontribusi pangageungna artos zakat, infak sareng sedekah ti total nu kakempel ku Baznas sajumlah Rp14 Miliyar langkung," ceuk H. Agus Yadi Ismail.

H.Agus nyebutkeun Rp 7,6 milyar tina zakat, infak sedekah Dinas Pendidikan. Janten satengah ti total zakat, infak sareng sedekah nu dikokolakeun Baznas di taun 2023 asalna ti Dinas Pendidikan Kabupateb Majalengka.

"Simkuring ti rengrengan Baznas Kabupaten Majalengka ngahatur nuhunkeun ka Pamarentah Kabupaten Majalengka sareng Dinas Pendidikan nu kontribusina ageung," ceuk H. Agus.

Baca Juga: Bapenda Kabupaten Bandung Sosialisasi Penerapan Manajemen Resiko

Dina kasempatan nu sarua, Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka, Dr. Hj. Lilis Yuliasih, M.Pd., ngahatur nuhunkeun ka Bupati Majalengka, nu tuluy konsisten dina ngarojong atikan di Kabupaten Majalengka.

“Simkuring oge ngaapresiasi Baznas Kabupaten Majalengka kana inisiasina dina ngalaksankeun kagiatan sosialisasi. Ieu bagian ti sinergitas sareng kolaborasi Dinas Pendidikan sareng Baznas Kabupaten Majalengka nu diraoskeun kawilang luar biasa,” ceuk Lilis.

Bupati Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi, M.M.Pd., ngucap syukur oge ngahatur nuhunkeun ka sakumna ASN di lingkungan Pemkab Majalengka oge ka sakumna guru nu kontribusi dina ngumpulkeun Zakat, Infak jeung Sedekah nu satuluyna dihijikeun ku Baznas Kabupaten Majalengka.

Bupati Majalengka nyebutkeun zakat, infaq jeung sedekah di Kabupaten Majalengka sategahna ti Dinas Pendidikan. Ti Disdik Rp 461.871.000, K3S SD Rp 2.409.309.000, SMP Rp 800.356.000, guru PPPK Rp2.463.000.000.

“Simkuring cumeluk ka Ketua sareng ka Komisioner Baznas katut rengrengan kangge teras kolaborasi tur ngajagi rukun gawe sareng Dinas Pendidikan," ceuk Bupati Majalengka.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah