Mapag Pemilu 2024, PWI jeung Universitas Mercu Buana Ngaronjatkeun Literasi Digital katut Merangan Hoaks

- 21 November 2023, 12:57 WIB
MoU gawé bareng PWI Pusat jeung Universitas Mercu Buana pikeun ngaronjatkeun literasi digital katut merangan hoaks, ditandatanganan ku Ketua Umum PWI Pusat Hendry Ch Bangun jeung Rektor Universitas Mercu Buana, Prof. Dr. Andi Andriansyah, M. Eng.*
MoU gawé bareng PWI Pusat jeung Universitas Mercu Buana pikeun ngaronjatkeun literasi digital katut merangan hoaks, ditandatanganan ku Ketua Umum PWI Pusat Hendry Ch Bangun jeung Rektor Universitas Mercu Buana, Prof. Dr. Andi Andriansyah, M. Eng.* /Dok. PWI Pusat/Galura/

 

GALURA.CO.ID. -  PWI Pusat jeung Universitas Mercu Buana sapuk gawé bareng pikeun ngabasmi hoaks minangka salasahiji wujud Tri Dharma Perguruan Tinggi.

Memorandum of Understanding (MoU) gawé bareng PWI Pusat jeung Universitas Mercu Buana téh ditandatanganan ku Ketua Umum PWI Pusat Hendry Ch Bangun jeung Rektor Universitas Mercu Buana, Prof. Dr. Andi Andriansyah, M. Eng. Sedengkeun Memori of Agreement (MoA) husus gawé bareng anti hoaks ditandatangan ku Koordinator Satgas Anti Hoaks PWI Pusat Muhammad Iqbal Irsyad jeung Kepala Biro Humas Universitas Mercu Buana, Dr. Ira Purwitasari, S. Sos., M. Ikom.

Éta acara téh diluuhan ogé ku Sekjen PWI Pusat Sayid Iskandarsyah, Wakil Sekjen PWI Pusat Raja Parlindungan Pane, Ketua IKWI Dr. Andi Dasmawati, jeung Wakil Rektor 3 Universitas Mercu Buana Bidang Kemahasiswaan dan Kerja Sama Dr. Ariani Kusumo Wardhani, M. Ds., CS.

Ketua Umum PWI Pusat, Hendry Ch Bangun, nétélakeun, éta MoU téh mangrupa léngkah munggaran anu kacida pentingna dina ngawangun SDM anu diperlukeun pikeun mantuan ngaidentifikasi, mariksa, jeung nyebarkeun informasi anu akurat ka masarakat.

Baca Juga: Pemilu Damai 2024, Ketua PWI Jawa Barat Umajak ka Wartawan pikeun Nyegah Hoaks

Ku ayana éta MoU, ceuk Hendry, PWI Pusat jeung Universitas Mercu Buana bisa babagi pangaweruh jeung pangalaman, ogé ngayakeun kagiatan babarengan pikeun ngaronjatkeun kasadaran masarakat ngeunaan pentingna literasi digital, tanggung jawab ngagunakeun média sosial, sarta kamampuh pikeun mikanyaho jeung nyingkahan sumebarna warta (berita) palsu.

"Ieu téh inisiatif anu kalintang saéna dina merangan sumebarna informasi anu henteu leres dina era digital sapertos ayeuna. Mudah-mudahan gawé bareng PWI Pusat sareng Universitas Mercu Buana téh tiasa ngirangan éfék négatif tina sumebarna hoaks," ceuk Hendry. .

Gawé bareng dina ngabasmi hoaks téh kacida pentingna, cenah, utamana dina mapag Pemilu 2024, boh pilpres, boh pileg anggota DPR jeung DPRD tingkat 1 jeung 2.

Pemilu mangrupa hiji proses demokrasi anu penting di Indonesia, sarta sumebarna hoaks bisa ngarugikeun, boh ka pamilih boh ka papada calon.

Baca Juga: Legislator F PKS Eka Ahmad Munandar Mgawadahan Aspirasi Warga di Padumukanana

Dina ieu konteks, cenah, gawé bareng PWI Pusat jeung Universitas Mercu Buana dina MoU Pemberantasan Hoaks téh bisa ngulinkeun peran anu penting. Duanana bisa gawé bareng pikeun ngaedukasi masarakat dina ngayak (nyeléksi) jeung mariksa informasi anu nepi ka maranéhanana. Éta téh penting pisan, cenah, supaya masarakat bisa nyokot kaputusan anu bener dumasar fakta anu akurat sarta teu kapangaruhan ku hoaks.

PWI Pusat jeung Universitas Mercu Buana ogé bisa boga peran dina ngalatih atawa méré palatihan pikeun wartawan, mahasiswa, jeung calon anggota DPR katut DPRD ngeunaan etika jurnalistik, nulis berita nu objektif, sarta nyegah sumebarna hoaks.

Ku ayana gawé bareng anu raket antara PWI Pusat, Universitas Mercu Buana, sarta pamaréntah katut unsur masarakat séjénna, dipiharep pemilu bisa lumangsung lungsur langsar tur meunang partisipasi anu gedé ti masarakat pikeun milih calon dumasar kana informasi anu akurat jeung kaverifikasi.

Rektor Universitas Mercu Buana, Prof Dr. Andi Andriansyah ngabagéakeun ku ayana éta MoU. Universitas Mercu Buana, cenah, siap gawé bareng jeung kolaborasi dina ngawujudkeun pemberantasan hoaks.

Baca Juga: Legislator Fraksi Golkar, Hj. .Ety Mulyati : Mangpaatkeun Reses Sahadè-Hadèna

Satuluyna Andi ngécéskeun, kiwari kamekaran artificial intelligence (kecerdasan buatan/KB) geus ngamungkinkeun sumebarna video deepfake, nyaéta video (palsu) hasil rekayasa kecerdasan buatan anu ngahasilkeun gambar jeung sora teu beda jeung nu asli. "Jadi bakal sesah pisan kanggo jalma biasa ngabédakeun naha video ieu téh asli atawa hoaks. Ieu kaayaan bakal matak pibahayaeun saupami urang henteu aya tarékah kanggo nyegah hoaks," ceuk ieu Profesor anu nalungtik Robot Humanoid téh.

Andi mastikeun, aubna Universitas Mercu Buana dina éta gawé bareng bakal ngaronjatkeun akses kana sumber daya akademik jeung panalungtikan anu bisa mangpaat pikeun ngaidentifikasi jeung merangan sumebarna warta (berita) palsu. Universitas Mercu Buana bisa nyumbangkeun kaahlian jeung pangaweruhna pikeun mantuan ngembangkeun strategi pemberantasan hoaks anu leuwih efektif.

“Yakin pisan, ieu gawé bareng téh baris aya pangaruhna anu positif dina ngajaga integritas sareng kualitas informasi anu dikonsumsi ku masarakat, hususna dina mayunan Pemilu Serentak 2024,” pokna deui.***

Baca Juga: GGM Majalengka Pinuh ku Warga, Nungkulan HUT KORPRI ka-52, HUT PGRI ka-78 jeung Hari Kesehatan Nasional

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah