Polres Kuningan Nyangkalak Lima Palaku Narkoba

- 14 November 2023, 20:53 WIB
Kapolres Kuningan, AKBP Willy Andrian, mere katerangan ka para wartawan, patali kasus narkoba, Salasa, 14 November 2023.
Kapolres Kuningan, AKBP Willy Andrian, mere katerangan ka para wartawan, patali kasus narkoba, Salasa, 14 November 2023. /Ajun Mahrudin/

GALURA-Satuan Reserse (Satres) Narkoba Polres Kuningan, salila bulan Oktober 2023, nyangkalak lima palaku tindak pidana anu aya patalina reujeung narkotika jeung obat terbatas (narkoba).  

Lima palaku anu kacangkalak ku pulisi teh inisial Y (32 taun), R (25 taun), D (25 taun), G (23 taun),  M (24 taun), urang wewengkon Kabupaten Kuningan. Maranehna katewak ku pulisi dina waktu reujeung tempat anu beda.

Kapolres Kuningan, Ajun Komisaris Besar Polisi (AKBP) Willy Andrian, nyebutkeun  salila sabulan, pulisi sajaba nyangkalak palaku oge ngamankeun barang bukti rupa-rupa jenis narkoba. 

Baca Juga: Polres Kuningan Nyalurkeun Bantuan, Pikeun Warga Anu Katibanan Musibat Alam

Ceuk Willy, hiji di antarana 50 paket narkotika diduga jenis sabu beuratna 40,04 gram,  diduga milik tersangka inisial  Y, anu kacangkalak jeung katohiyan neundeun narkoba di imah kolotna, lelewek Kecamatan Sindangagung.

Sajaba di imah kolotna, pulisi oge manggihan barang bukti narkoba anu diteundeun ku Y di sababaraha tempat. Di antarana   di jalan wewengkon Kecamatan Sindangagung, Garawangi, Ciawigebang, Cipicung, Cigugur, Kramatmulya, Jalaksana jeung Kecamatan Kuningan.

“Dina ngayakeun transaksi ngajual atawa ngedarkeun narkotika, palaku sacara langsung atawa istilah COD (tatap muka),” ceuk Willy.***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah