Menhub RI Ngaroris BIJB, Terbang Asik dari Kertajati, Majalengka Moal Ukur Kaliwatan

- 24 Oktober 2023, 14:30 WIB
Menteri Perhubungan (Menhub) RI bareng jeung rombongan ngaroris BIJB Kertajati (18/10/2023), mastikeun ieu bandara siap ngaladenan penerbangan.
Menteri Perhubungan (Menhub) RI bareng jeung rombongan ngaroris BIJB Kertajati (18/10/2023), mastikeun ieu bandara siap ngaladenan penerbangan. /Ayank R Sambara/galura.co.id

"Simkuring mastikeun ka Kertajati boh ti Bandung ka BIJB jeung sabalikna ngaliwatan ol Cisumdawu lumangsung kalayan hade. Bandara Kertajati sacara Regional tiasa dioprasikeun sacara alternatif kangge masarakat Bandung Raya, Sumedang, Cirebon, Indramayu, Brebes, Tegal, Tasik, Kuningan, Garut, katut wilayah sabudeureunna," ceuk Menhub.

Wakil Bupati Majalengka, Tarsono D Mardiana, nyebutkeun ku geus dimimitian dioperasikeunana BIJB Kertajati tangtuna loba masarakat ti jero nagara jeung ti mancanagara bakal datang ka Majalengka.

"Din hal ieu Pemkab Majalengka katut masarakat Majalengka sapuk Majalengka jadi kota tujuan, di antawisna tujuan wisata sareng bisnis. Pemerintah Daerah Kabupaten Majalengka kedah teras satekah polah ngarojong destinasi wisata unggulan katut budaya has Majalengka,” pokna.

Baca Juga: Bupati Bandung Nyayagikeun 5.000 Kuota keur Pelajar Nongton Piala dunia U 17 di Si Jalak HArupat

Kituna teh sangkan pariwisata di Kabupaten Majalengka, boh wisata alam boh budaya katut kesenian tiasa langkung dipikawanoh boh masarakat domestik boh mancanegara," ceuk Wabup.

Dioperasikeunana BIJB Kertajati, Pemkab Majalengka kudu biasa ngamangpaatkeun ieu kasempetan pikeun ngamotekarkeun ekonomi masarakat. “Di antawisna, satekah polah ngalaksanakeun promosi wisata Majalengka sanes mung saukur ngabuka tenant di sabudeureun BIJB Kertajati wae," ceuk Wabup.

Ngabuka tenant boh promosi di daerah-daerah nu jadi tujuan penerbangan saperti di Bali boh tempat lianna perlu dironjatkeun. Masarakat nu bakal lumampah make kapal udara bakal leuwih kairut pikeun datang ka Majalengka.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah