F SP TSK.R K.SPSI Majalengka Gelar Turnamen Bola Voli jeung Sepak Bola, Ngagedurkeun Soliditas

- 16 Oktober 2023, 12:46 WIB
Ngagedurkeun soliditas, F SP TSK.R K.SPSI Majalengka Gelar Turnamen Bola Voli jeung Sepak Bola.
Ngagedurkeun soliditas, F SP TSK.R K.SPSI Majalengka Gelar Turnamen Bola Voli jeung Sepak Bola. /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID  –F SP TSK R K SPSI Majalengka ngagelar turnamen bola voli jeung sepak bola mibanda tujuan: ngawangun mental sakumna pagawe sacara jasmaniah, sarta ngawangun rukun gawe nu hade ku jalan olahraga sangkan di industri kabentuk mental sportivitas.

Lain eta wae, ieu kagiatan pikeun ngajaga soliditas antara Serikat Pekerja jeung Manajemen pausahaan kawilang penting. Ku kituna, salasahiji tarekah pikeun ngajaga solidaritas nu dipigawe ku PUK F S TSK R KSPSI PT Leetex Garment Indonesia (PT LGI): ngagelar kompetisi Bola Voli jeung Kompetisi Sepak Bola.

Usep Setia Wibawa Pingpinan Daerah F SP TSK R K SPSI Propinsi Jawa Barat, nyebutkeun serikat pekerja tanggung jawab pikeun memperjuangkeun, ngabela, sarta jadi papayung pikeun hak katut kapentingan pagawe sarta ngaronjatkeun karaharjaan pagawe katut kulawargana.

Baca Juga: Pacaduan Uyut

Dina hal ieu merjuangkeun hal eta kawilang diperelukeun soliditas antara serikat pekerja jeung manajemen. Ku kituna, minangka Pingpinan Daerah Jawa Barat, Usep ngaapresiasi turnamen bola volu jeung sepak bola, sabab gede mangpaatna.

“Dina didamel, urang sakumna silih meryogikeun, ku kituna soliditas kedah teras dijagi, supados urang sadayana tiasa silisupport, silimerhatoskeun sareng silingalengkepan," ceuk Pingpinan Daerah Jawa Barat, ditepungan ku wartawan, di Lapang Voli (bascamp PC. F SP. TSK R - K.SPSI Kabupaten Majalengka, Ahad (15/10/2023).

“Salami urang solid, tangtosna bakal majeng. Teu aya nu teu tiasa didamelan, salami urang kersa rukun gawe. Teu aya nu abot salami urang sauyunan,” ceuk Usep.

Masih ceuk Usep, dipiharep kagiatan di Kabupaten Majalengka bisa leuwih lega sekupna, lain ngan saukur di tingkatan PUK. "Pamugi dina waktos kapayunna tiasa dilaksanakeun antawis serikat pekerja sareng antawis pekerja sakabupaten Majalengka,"pokna.

Baca Juga: Kasang Tukang Muhaimin Jadi Balon Wapres Anies Kawas Cai Ngamalir

Asep Odin, Ketua PC F SP TSK R-KSPSI Majalengka, nyebutkeun kiwari di PUK F S TSK. R KSPSI PT Leetex Garment Indonesia kacatet aya 10.700 anggota.

Turnamen bola voli jeung sepak bola dilaksanakeun, dina program taunan widang olah raga pikeun sakumna pagawe di PUK F SP TSK. R - K.SPSI PT Leetex Garment Indonesia.

Salian eta dina kompetisi olahraga kawilang dibutuhkeun ajen-inajen sportivitas jeung sumanget kawilang mangpaat dina ngajaga kasehatan. "Sakumaha disebat dina pepatah Latin “Men Sana In Corpore Sano”, nu hartosna pikiran nu sehat aya di lebet waruga nu sehat," pokna.

Asep miharep, ku ayana ieu kagitan salian ngajagi soliditas, sakumna anggota serikat pekerja jeung manajemen, sakumna karyawan kudu mibanda pikiran katut jiwa nu beresih, supaya bisa ngalaksanakeun tindakan nu panghadena.

Baca Juga: Harepan Muhaimin Marengan Anies di Pilpres 2024 Disaluyuan ku PKS Tinekanan

HRD Manager PT Leetex Garment Indonesia, Elis Yeni Haryani, S.H., ngaapresiasi dilaksanakunna kompetisi olahraga, sabab hal ieu sajalan jeung motto ngajaga soliditas. Salian ti eta bisa ngawangun sinergitas pausahaan ku karyawan katut pausahaan jeung lingkungan.

“Ku kituna, ngawakilan manajemen simkuring ngarojong kana ieu kagiatan. Margi tiasa numuwuhkeun silaturahmi sareng gotong-royong antawis karyawan dengan karyawan di pausahaan PT Leetex Garment Indonesia,” ceuk Elis.

Di tempat nu misah, Restu Abadi, Ketua Olah Raga Perum GHD Desa Bojong Cideres Kecamatan Dawuan nu oge karyawan di PT. SKI Kab. Majalengka, nyebutkeun PUK F SP TSK. R - K.SPSI PT Leetex Garment Indonesia nu munggaran ngalaksankeun event olah raga bola voli, mimiti diwangunna fasilitas olahraga.

"Tangtosna ayana serikat pekerja nu ngalaksanakeun event di ieu tempat pamarentahan desa sareng kecamatan ngarojong," ceuk Restu. Inyana miharep kahareupna pamarentah bakal ngalengkepan fasilitas olahraga u leuwih hade deui sangkan masarakat nu ngalaksanakeun event leuwih sumangat deui.

Di tempat nu sarua, Kepala Desa Bojong Cideres, Usep Saepudin, diwakilan ku Sekdesna, ngaapresiasi turnamen olahraga. "Tujuan kompetisi dina raraga ngaronjatkeun tali mimitran sareng gotong royong," pokna.

Ceuk Usep, pamarentahan ngarojong turnamen. Tangtuna bakal mawa pangaruh nu leuwih hade deui pikeun masarakat sabudeureunna. "Dilaksanakeunna event olah raga tangtosna ngabantos pamarentah dina ngaronjatkeun prestasi olahraga, bakal tumuwuh bibit-bibit enggal di widang olahraga bola voli sareng sepak bola.*** Ayank R Sambara

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah