GALURA.CO.ID- Bupati Bandung baris ngaluarkeun bantuan alokasi anggaran pangwangunan keur unggal RW leutikna Rp 100 juta di saban kelurahan. Ieu bantuan ngamir dina Program Sinergitas Pembangunan Kelurahan Bedas (PSPKB).
PSPKB teh inovasi Pemda Bandung, didadasaran ku Peraturan Bupati (Perbup) nomer 249 taun 2023 ngeunaan Pelaksanaan Program Sinergitas Pembangunan Kelurahan Bedas (PSPKB).
Bupati Bandung Dadang Supriatna nu oge kader PKB nètèlakeun ku PSPKB pihakna ngalokasikeun anggaran Rp17,6 miliar pikeun 176 Rukun Warga (RW) di 10 kelurahan di Kabupaten Bandung.
"Ngawitan taun payun saRW kenging bantuan Rp 100 juta, tos dianggarkeun," ceuk Bupati Bandung dina Rembug Bedas di Kelurahan Beleendah jeung Andir, Kecamatan Baleendah, Juma'ah (06/10/2023).
PSPKB dikaluarkeun sabab danget ieu anggaran pangwangunan di saban kelurahan kawilang saeutik mun seug dibandingkeunn jeung alokasi dana desa (ADD).
Ceuk Bupati Bandung nu parteyna nyalonkeun Anies Bawesdan jadi presiden RI, danget ieu kelurahan sataunna meunang anggaran Rp1,8 miliar. Taun 2024 engke anggaran kelurahan bisa ngaronjat jadi Rp3,1 miliar kalawan asumsi di kelurahan aya 13 RW.
Baca Juga: Peuyeum Kroto ti Ciluncat Ciamis, Dijieunna Teu Sagawayah, Tilu Poe Samemeh Jumaah Kaliwon
Bantuan sataun Rp100 juta teh keur pangwangunan saban lelewek masarakat, utamana di lelewek RT jeung RW. Bupati miharep pangwangunan bisa dilakukeun walatra di sakumna RW di Kabupaten Bandung.