Senen Kamari, Bupati Bandung Ujug-Ujug Sidak ka Bapenda

- 12 September 2023, 10:56 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna (dikopeah) sidak ka Bapenda Kabupaten Bandung, Senen 11 September 2023. Gunem jeung warga wajib pajak disaksian ku Kepala Bapenda Kabupaten Bandung Erwan Kusuma Hermwan (pangkatuhuna)
Bupati Bandung Dadang Supriatna (dikopeah) sidak ka Bapenda Kabupaten Bandung, Senen 11 September 2023. Gunem jeung warga wajib pajak disaksian ku Kepala Bapenda Kabupaten Bandung Erwan Kusuma Hermwan (pangkatuhuna) /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung Dadang Supriatna ujug-ujug inspeksi mendadak (sidak) ka rohang pangladèn Badan Pendapatan Daerah (Bapenda) Kabupaten Bandung di Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Senen 11 September 2023.

Bupati Bandung nepungan wajib pajak nu keur diladènan nguruskeun pajeg di Bapenda. Bupati nyempetkeun gunem catur jeung warga wajib pajak.

Ayeuna, ceuk Bupati Bandung, Bapenda keur narèkahan ngaoptimalkeun pangladèn ka wajib pajak. Di antarana panglayan bebas denda nol persen jeung ngeuweuhkeun sanksi administrasi pajak daerah Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Samemeh Gestapu, Hidup Nasakom Ganyang Malayasia

Bupati Bandung ngajelaskeun, bebas denda pajak PBB-P2 (Pajak Bumi dan Bangunan Perdesaan dan Perkotaan) mangsa pajeg taun katetapan 1994-2022, jeung bebas denda pajak daerah katetapan mangsa pajeg Januari 2004-Maret 2023. Bebas denda ti 1 Juni tepi ka 30 September 2023.

"Sidak dina raraga nitènan pangladèn publik. Utamina dina kaperyogian naha èta PBB, atanapi BPHTB (Bea Perolehan Hak Atas Tanah dan Bangunan) sareng nu sanèsna, " ceuk Dadang Supriatna.

Dadang Supriatna ogè ngajelaskeun, dina ngaladènan pajak ka masarakat Bapenda geus ngagunakeun aplikasi husus, inyana bisa langsung nitènan kaayaan.

Danget ieu beubeunanganana geus tepi 73 persen tina rata-rata di 56 persen relatif. "Ngaronjatna saè. Mugia tiasa dugi kana rencana pendapatan taun 2023," pokna.

Baca Juga: Agama Sunda Diaragem Jauh Samemeh Urang India Daratang ka Pulo Jawa

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x