"Salami ieu, Pa Bupati konsen ka koperasi nu aya di Kabupaten Majalengka. Di antawisna masihan fasilitas ngadamel badan hukum kangge 30 koperasi wanita," pokna.
Salian eta nalika pandemi Covid-19 Bupati Majalengka terus-terusan mantuan ka sakumna UKM nu aya di Kabupaten Majalengka nu jumlana aya kana 28 rebu.
Arif nyebutkeun tarekah dina motekarkeun UMKM di Majalengka, Pemkab Majalengka oge tuluy ngarojong jeung mere fasilitas sangkan produk-produk UMKM nohonan syarat bisa asup ka ritel modern.
Pihakna ngajalankeun sababaraha rupa strategi lengkah, di antara nyieun nework pamasaran produk UMKM sangkan bisa asup ka ritel modern kalayan gawe bareng jeung pangusaha nasional sangkan prodak lokal Majalengka maju.*** Ayank R Sambara