Ketua Fraksi PKB DPR, Dr.H. Cucun:  PAD Kabupaten Bandung Gedè Najan Loba Potensi nu Can Kaguar

- 4 Agustus 2023, 09:18 WIB
Ketua Fraksi PKB DPR Dr. H. Cucun Ahmad Syamsurijal.
Ketua Fraksi PKB DPR Dr. H. Cucun Ahmad Syamsurijal. /Sopandi/Galura

Cucun nyebutkeun  urang sakumna kudu paham  ngeunaan tata kelola. "Bahaya upami urang ngawangun teu jeung  aturan.  Potensi lahanna nu tiasa digunakeun sabaraha persen? Ruang terbuka hijauna sabaraha persen? Kana aturan kedah tumut. Upami dirempak  ruksak ieu alam, " ceuk Cucun.

Cucun miharep ulah   aya kakuatan-kakuatan nu  teu bisa keuna ku  aturan. "Punten, punten,  ulah dugi ka upamina    urang gaduh kakuatan tiasa ngabangun ieu, waktu  dipariksa aya anu  di luhurna, dugi] ka teu tiasa diparios. Teu tiasa kitu. Simkuring, urang Kabupaten Bandung,  badè ngadugikeun ngeunaan  hal ieu  di Jakarta (DPR RI), " pokna.

 Cucun nandeskeun, alam kudu dijaga. "Memang destinasi wisata  dibangun kanggo ngaronjatkeun paekonomian masarakat, tapi teu kenging ngaharè-harèkeun aspek-aspek katingtriman tur kaamanan warga di sabudeureunana," pokna. *** Sopandi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah