Neueulkeun kana Tasawuf Amanat Mama Opo Pasantren Kandang Sapi Ulah Menta Sumbangan

- 2 Agustus 2023, 14:00 WIB
Tajug kuno titinggal Mama Opo di Pasantren Kandang Sapi Cianjur.
Tajug kuno titinggal Mama Opo di Pasantren Kandang Sapi Cianjur. /Cecep KS/Galura

 

GALURA -Di pasantrenna, Pasantren Kandang Sapi di Cianjur, basa keur jumenengngna, Mama Opo, leuwih neueul ngajarkeun elmu tasawuf, bari neuleuman elmuning agama nu kaunggel dina sawatara kitab koneng.

“Di Pasantren Kandang Sapi, seuseueurna para santri neuleuman elmu alat, fiqih sareng ushul fiqih,” ceuk Aang. Nu masantren di Kandang Sapi Cianjur, sagemblengna teu dipulut waragad.

Keur ngabayuan Pasantren Kandang Sapi, ti jaman Mama Opo tepi ka ayeuna, meunang ngumpulkeun ti kulawarga jeung donatur. Lain meunang menta, ngider ka unggal imah upamana.

Baca Juga: Mama Kandang Sapi Ngadegkeun Pasantren Kandang Sapi di Cianjur, Karomahna Luhung

Baca Juga: Haji Prawatasari (2) Aria Sacanata, Ngurud Kumis Sultan Mataram Sabeulah

Baca Juga: Haji Prawatasari (1) Cenah mah Rundayan Panjalu Ciamis

Amanat Mama Opo: keur kahirupan pasantren, dipahing menta bantuan ka saha bae ge. Iwal mun aya nu nyumbang, nya tarima, asal eta sumbangan teh taya maksud nanaon. Nu matak Pasantren Kandang Sapi tara neangan sumbangan.

“Para santri mah, tugasna, ngaji jeung ngaji, taya tugas sejen. Udaganna lintang ti neuleuman jeung mesek elmu agama, malahmandar marulangna ti pasantren, bisa jadi tokoh agama nu ngatik masarakat, bisa mangfaat elmu panemuna,” ceuk Aang nepikeun deui cecekalan Mama Opo dina ngokolakeun pasantren.

Tepi ka ayeuna amanat Mama Opo teh diestokeun pisan. Nu matak di Pasantren Kandang Sapi mah teu katempo kencleng atawa kotak sumbangan.

Kitu deui di masjidna. Teu beda jeung jaman Mama Opo, ari aya nu rek nyumbang mah ditarima sapanjang teu diimplik-implikan nanaon.

Raket jeung Bung Karno

Kungsi sapasantren, mangsa jumenengna, Mama Opo raket pisan jeung Bung Karno. Dina jaman perjuangan, Bung Karno remen datang ka Kandang Sapi, ngadon ngawangkong jeung Mama Opo.

Bung Karno neuleuman elmuning agama bari ngobrolkeun tarekahna dina ngamerdekakeun bangsana tina kaum kolonial.

Sanggeus proklamasi kamerdekaan, jaman perang kamerdekaan Mama Opo sok datang ka Jakarta, nohonan pangulem ti Bung Karno. Tausiyah ti Mama Opo, kawilang tandes, ngahudang mental pajuang sangkan wani bela pati nyanghareupan musuh.

Nyahoeun deukeut jeung Bung Karno, utusan Walanda sababaraha kali nepungan Mama Opo. Maksudna sangkan Mama Opo ulah terus-terusan mere sumanget ka Bung Karno. Utusan Walanda teh ngabibita Mama Opo ku haliah dunya.

Tapi Mama Opo nolak sapajodogan, tetep ngarojong Bung Karno jeung pajuang mertahankeun kamerdekaan. Balukarna pasantren Kandang Sapi diserang ku tentara Walanda.

Kapal perang Walanda ngaragragkeun bom ka pasantren, antukna para santri jeung warga Kandang Sapi, birat nyalametkeun diri. Mama Opo teu cicingeun, anjeunna lumpat ka tengah-tengah komplek pasantren, nancebkeun tombak bari munajat ka nu Kawasa.

Di halangan mega hideung

Teu mangkuk lila, di luhur ujug-ujug aya mega hideung nutupan komplek pasantren. Ku sabab teu katempo sasaranana, kapal nu tingkalayang teh mulang deui, ngan aya sawatara kapal nu ngadadak ragrag, pilotna tiwas.

Tentara Walanda nu ngepung pasantren, ngadadak ting jurahroh, teu puguh-puguh leuleus taya tangan pangawasa, ngarumpuyuk. “Tentara Walanda serah bongkokan ka Mama Opo,” ceuk Aang.

Lian ti pasantren, titinggal Mama Opo teh, wangunan tajug nu diadegkeun 1897. Wangunan tajugna tina bahan kai. Lian ti tajug, sawatara kitab nu umurna geus ratusan taun, dipiara tepi ka kiwari.

Atuh, di jero masjid dina paimbaran pisan, titinggal Mama Opo, aya kopeah nu dibengker ku sorban nu katukangna dirumbaykeun, kurang leuwih panjangna sajeungkal.

Eta kopeah nu disebut Imamah teh, diteundeun dina jero peti nu dikacaan. Aya deuih tombak nu sarua diteundeun deukeut mimbar. Eta tombak teh, pakarang Mama Opo, mangsa ngalawan Walanda.

Tombak nu ditancebkeun di tengah-tengan pasantren waktu kapal perang Belanda ngaboman pasantren.

Sabudeureun pasantren, aya masjid jeung sawatara kobong nu wangunannana masih tradisional, masih kabaheulaan, saperti mangsa Mama Opo masih jumeneng, ngatik jeung ngadidik para santrina.

Basa Galura ngalanto ka dinya, aya urang Majalengka nu keur riadoh di masjid heubeul.

Mangsa jadi Bupati Cianjur, Tjetjep kungsi datang ka Kandang Sapi, sarta nyebutkeun pasantren Kandang Sapi rek dijieun cagar budaya.

Pangna rek dijieun cagar budaya, pedah bangunan heubeul masih enya-enya dirumat jeung Mama Opo ngabantu perjuangan, malah raket jeung Bung Karno. Ngan dicarek ku Aang Munandar. *** Cecep Ks

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah