Parade Seni Budaya di Majalengka, Ngarojong Ganjar Pranowo Jadi Presiden

- 27 Juli 2023, 11:00 WIB
Parade Seni Budaya nu digelar Kolaborasi Pemuda Majalengka sarta Relawan Network for Ganjar Presiden  (23/7/2023).
Parade Seni Budaya nu digelar Kolaborasi Pemuda Majalengka sarta Relawan Network for Ganjar Presiden (23/7/2023). /Ayank/Galura

Eta kagiatan diluuhan ku Bupati Majalengka H Karna Sobahi, Ketua DPD PDIP Jabar Ono Surono, Ketua Panitia Kirab Tati Purnawati.

Ketua DPD PDIP Jawa Barat meredih dua jeung restu masarakat Majalengka pikeun ngarojong bakal calon presiden RI Ganjar pranowo sangkan kapilih dina Pilpres 2024.

Ono pun teu poho paguneman jeung pamilon kirab oge dialog interaktif jeung rebuan pamilon tumanya sakaligus ngawanohkeun sosok Ganjar Pranowo sakaku capres nu dirojong PDIP.

“Pak Ganjar teh jalmina handap asor tur someah, anjeunna wantun dina hal bebeneran. Ti kulawargi biasa, kawilang pancasilais, minantuna saurang kyai kakoncara. Hayu urang dungakeun anjeunna pamugi kapilih oge neraskeun kapamimpinan presiden Jokowi nu kiwari lumangsung kalayan hade,” ceuk Ketua DPD PDI Perjuangan Jawa Barat.

Bupati Majalengka H Karna Sobahi reueus jeung ngaapresiasi kana eta acara eta nu kawilang sekses tur meunang partisipasi nu luar biasa ti masarakat.

Bupati Majalengka miharep ieu kagiatan lain ngan saukur hiburan wae, tapi oge bisa jadi momen penting keur ngaraketkeun duduluran antara warga, sarta ngipuk rasa cinta oge kareueus kana budaya tradisi lokal.

“Pamugi ieu acara janten pamecut sumanget kaguyuban urang dina ngawujudkeun Majalengka nu langkung majeng tur motekar,” ceuk Bupati Majalengka nu oge Ketua DPC PDI Perjuangan Majalengka.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah