Kirab Budaya jeung Jalan Sehat nu Bakal Digelar di Majalengka Diklaim Pamilonna Welasan Rebu

- 21 Juli 2023, 10:03 WIB
Relawan Network for Ganjar Presiden bakal ngagelar kirab budaya jeung jalan sehat di Lapangan GGM Majalengka Ahad, 23 Juli 2023.
Relawan Network for Ganjar Presiden bakal ngagelar kirab budaya jeung jalan sehat di Lapangan GGM Majalengka Ahad, 23 Juli 2023. /

Disebutkeun Niko, Relawan Network for Ganjar Presiden daria dina ngahirupkeun kesenian daerah, rea grup kesenian nu geus arang makalangan di masarakat milu diaubtkeun.

“Alhamdulillah, ti data nu tos kakempel tos aya 15 rebu pamilon nu bakal hadir ngiringan kagiatan. Di antawisna pamilon senam, jalan santain nu ngeusian acara parade seni budaya, ” ceuk Niko nu kiwari jadi caleg asal daerah pemilihan Subang – Majalengka – Sumedang.

Masih ceuk Niko, kagiatan nu sarua kungsi digelar di sajumlah kabupaten kota lianna, saperti Kabupaten Subang nu kawentar ku kesenian singa depokna, Kota Bandung jeung Kota Bogor sababaraha waktu ka tukang.

Relawan Network for Ganjar Presiden, ceuk Niko, jejerna “Parade Budaya Memperkuat Kebinekaan.”

Ketua Steering Comite, Sabungan Simatupang nyebutkeun, dina acara kirab budaya jeung jalan sehat, rencana bakal dihadiranku Ono Surono Ketua DPD PDI Perjuangan Jawa Barat, Maruarar Sirait (Bang Ara), Inisiator Relawan Network for Ganjar Presiden nu geus jadi anggota DPR RI lilana 15 taun ti Dapil Subang - Majalengka – Sumedang.

Lian ti eta, Ivan Sadik Ketua IKA Universitas Parahiyangan jeung Ketua DPC PDIP Kabupaten Majalengka, Karna Sobahi.

“Dipihatep ieu kagiatan teu mung janten hiburan masarakat, mintonkeun kesenian nu ampir tilem. Ku euyeubna masarakat di GGM bakal nanjeurkeun paekonomian sacara riil. Di GGM engke bakal loba padagang,” ceuk Sabungan.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah