Head Line Galura Cetak Edisi V Juni 2023, Mun Karuhun Nagih Jangji

- 26 Juni 2023, 19:01 WIB
Head line Galura cetak edisi V Juni 2023, medal Rebo, 28 Juni 2023, ngeunaan luluhur lembur Kertamulya, Desa Kertamekar, Kecamatan Tanjungkerta, Sumedang, nu nagih jangi ka SDN Kertamulya.
Head line Galura cetak edisi V Juni 2023, medal Rebo, 28 Juni 2023, ngeunaan luluhur lembur Kertamulya, Desa Kertamekar, Kecamatan Tanjungkerta, Sumedang, nu nagih jangi ka SDN Kertamulya. /Nanang /Galura

Rubrik Warna-warni medar ngeunaan Majalaya Kabupaten Bandung nu dijulukan Kota Delman. Tepi ka ayeuna, di Majalaya masih keneh rea delman, teu kaelehkeun ku angkutan pedesaan, angkutan pakotaan jeung ku ojeg.

Baca Juga: Kemhan Meuli 12 Unit Mirage 2000-5 Urut ti Qatar Rp12 trilyun, TB Hasanuddin: Bisa Meuli Jet Tempur Anyar

Rubrik Macangkrama medar profil Riadi Darwis nu ngawanohkeun kuliner Sunda ka mancanagara. Lian ti eta aya tulisan ngeunaan Komunitas Ciwidey Creative Centre, komintas nu konsen kana ngamotekarkeun nu usaha kana ekonomi kreatif.

Saptu, 24 Juni 2023, di Gelora Bung Karno (GBK) Senayan Jakarta lumangsung mieling Bulam Bung Karno. Pamilon di antarana make dudukuy. Eta dudukuy teh ngahaja dikirim ti Majalengka, lobana 10 rebu.

Anu bade langganan Galura cetak, tiasa nepangan perwakilan PR atanapi agen koran. Tiasa oge langsung ka Redaksi Galura, Jalan Asia Afrika no 77 Bandung, ngahiji sareng Kantor Pusar PR Bandung. Telepon 022 4201634, ext 222.***

 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah