Disdik Ngagumebyarkeun Kirab Budaya jeung Pawai Pembangunan Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka

- 13 Juni 2023, 10:56 WIB
Kepala Dinas Pendidikan Kab.Majalengka, Dr. H. Lilis Yuliasih, M.Pd., aub gumebyarkeun defile Kirab Budaya di Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka (08/06/2023).
Kepala Dinas Pendidikan Kab.Majalengka, Dr. H. Lilis Yuliasih, M.Pd., aub gumebyarkeun defile Kirab Budaya di Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka (08/06/2023). /

GALURA -Mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka, digelar Kirab Budaya nu dipingpin Bupati jeung Wabup Majalengka (08/06/2023). Disdik Kabupaten Majalengka oge miluan dina ieu kagiatan nu jejerna “Rempeg Gawe Lanjutkan Majalengka Raharja”.

Dina gelaran Kirab Budaya dina mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka anu miluanana lain ngan ukur Disdik Kabupaten Majalengka, tapi oge sakumna OPD, Kecamatan katut Desa sa-Kabupaten Majalengka, BUMD, Paguyuban Kesenian Majalengka, Padepokan Seni Budaya Majalengka, Sanggar Seni Budaya Majalengka, sarta kelompok masarakat lianna.

Kepala Disdik Kabupaten Majalengka Dr.Hj.Lilis Yuliasih, M.Pd., nyebutkeun Kirab Budaya dina mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka digelar pikeun mintonkeun sababaraha rupa seni budaya lokal has Majalengka. Lian ti oge keur nembrakkeun potensi kabeungharan hasil bumi nu dipibanda masarakat Majalengka.

Baca Juga: Bulan Bung Karno, Anggota Komisi I DPR RI Tb Hasanuddin Ngaluuhan Pasanggiri Jaipong nu Digelar ku Sasama

"Kasenian sareng budaya has Masyarakat Majalengka teh kabeungharan budaya lokal nu kawilang luar biasa nu diwariskeun turun-tumurun. Ditambih potensi sumber daya alamna oge kawilang ngarojong kangge paekonomian rayat Majalengka sareng hirup kumbuhna kasenian," ceuk Hj.Lilis.

Hj. Lilis nyebutkeun Kirab Budaya teh ajang mintonkeun hiburan sareng nembongkeun kesenia tradsisional sareng budaya di Kabupaten Majalengka nu peryogi dimumule tur dimotekarkeun ku generasi sslajengna, supados adat budaya di Kabupaten Majalengka tiasa kajaga kariksa," ceuk Hj.Lilis.

Kirab Budaya lumangsung kalayan gumebyar. Rebuan masarakat antusias dina eta kagiatan. Nu jadi pangirut masarakat dina pagelaran Kirab Budaya mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka ka-533: defile kreasi salapan kabupaten kota Kunci Bersama nu ngagelar Poresnitas X di Kabupaten Majalengka.

Defile diluuhan langsung ku Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil. Anggota DPR RI Fraksi PDI-P Dapil Majalengka-Subang-Sumedang TB.Hassanudin, Bupati, Walikota nu aub dina Kunci Bersama, Ketua DPRD Kabupaten Majalengka katut anggota, Sekretaris Daerah, Dandim 0617/Majalengka, Kejari, Kapolres Majalengka, Danlanud S. Sukani, Ketua Pengadilan Negeri Majalengka oge ngaluuuhan.

Baca Juga: Kabupaten Majalengka Juara Umum dina Porsenitas X taun 2023

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x