BIJB Kertajati Dipake dina Ibadah Haji 2023, Miangkeun Jamaah asal Ciayumajakuning, Subang jeung Sumedang

- 15 Maret 2023, 20:05 WIB
BIJB Kertajati dipake miang jeung mulangna jamaah haji asal Ciayumajakuning tambah Sumedang jeung Subang. Rebo (15/03/2023) lumangsung gempungan Komite Keamanan BIJB Kertajati di ruang tunggu BIJB Kertajati.
BIJB Kertajati dipake miang jeung mulangna jamaah haji asal Ciayumajakuning tambah Sumedang jeung Subang. Rebo (15/03/2023) lumangsung gempungan Komite Keamanan BIJB Kertajati di ruang tunggu BIJB Kertajati. /Ayank R Sambara/Galura

GALURA - Bandara Internasional Jawa Barat Kertajati (BIJB Kertajati) di Majalengka, Jawa Barat, dumasar rarancang mah bakal digunakeun dina ibadah haji 2023. Pikeun tatan-tatanna, Rebo (15/03/2023) lumangsung gempungan Komite Keamanan BIJB Kertajati di ruang tunggu BIJB Kertajati.

Gempungan Komite Keamanan BIJB Kertajati nu dibentuk ujaning laku BIJB Kertajati dipake dina ibadah haji 2023, dipingpin ku Eksekutif GM AP 2 Nuril Huda, Otban 1 Perhubungan Udara Elfita, Dirut BIJB diwakilan ku Eksekutif VP Komersial Agus Sugeng. Diluuhan ku Kapolres Majalengka AKBP Edwin Affandi, jeung Danlanud S Sukani Mayor Pnb. Supardo Butar Butar.

Komite Keamanan BIJB Kertajati nu gempungan munggaranana harita, dibentuk pikeun koordinasi, ngasongkeun kamandang ka manajemen BIJB Kertajati patalina jeung ibadah haji 2023. Di antarana ngeunaan hal-hal nu aya sangkut pautna jeung kaamanan penerbangan jeung program kaamanan bandar udara.

Baca Juga: Partai Golkar Ngagelar Dikpol Udaganana Nyangking 20 Persen Sora dina Pemilu 2024

Kapolres Majalengka AKBP Edwin Affandi, ditepikeun Kasubsi PIDM Sie Humas Polres Majalengka Ipda Mardiono nyebutkeun BIJB Kertajati bakal miangkeun calon jamaah haji bulan Mei 2023.

“Calon jamaah haji, 8.700 urang, nu dimangkeun ti BIJB Kertajati asalna ti wilayah Ciayumajakuning: Kabupaten Cirebon, Indramayu, Majalengka, Kuningan, ditambah ku Kabupaten Sumedang, jeung Kabupaten Subang. Asrama hajina aya di wilayah Kabupaten Indramayu,” ceuk IPDA Mardiono.

IPADA Mardiono netelakeun miangkeun calon jamaah haji dibagi 20 kloter. Sapoena dimiangkeun sakloter, ngagunakeun pesawat Saudi Arabian Airlines kapasitas panumpangna kirang langkung 400 urang. Jamaah haji mulangna ti Mekah oge ka BIJB Kertajati.

Dina ngajaga kaamanana jeung antisipasi lobana nu nganteurkeun jeung nu mapagkeun jamaah haji di antarana patroli gawe bareng BKO TNI katut Polri, CCTV jeung nempatkeun katut nambahan personil.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah