Pelatihan Mateakeun Ketak Wanoja, PKK Desa Cihanjuang Ngadongdon Santa Sea di Sukabumi

- 21 Februari 2023, 15:00 WIB
 PKK Desa Cihanjuang ngayakeun pelatihan jeung penyuluhan mateakeun ketak wanoja di Santa Sea, Sukabumi, Salasa, 21 Februari 2023/DOK. PKK DESA CIHANJUANG
PKK Desa Cihanjuang ngayakeun pelatihan jeung penyuluhan mateakeun ketak wanoja di Santa Sea, Sukabumi, Salasa, 21 Februari 2023/DOK. PKK DESA CIHANJUANG /

Pidangan materi pelatihan jeung penyuluhanana ge diwangun dina rupa-rupa wanda games katut lomba nu matak pikagumbiraeun parakader PKK.

Laju Nia Kusmiati ge ngebrehkeun, dina ketakna, PKK Desa Cihanjuang teu weleh umajak ka sakumna warga, hususon wanoja, malar daek jadi kader PKK.

Baca Juga: Nu Jarah ka Makam Karamat Sembah Dalem Pangudar Teu Weleh Merul, Bagean I

“Eta teh taya lian pikeun urang babarengan ngaronjatkeun karaharjaan kulawarga kalawan ayana partisipasi aktif masarakat, kaasup ngaronjatna ketak parakader PKK Desa Cihanjuang geusan ngahontal kamajuan daerah,” pokna.

Sajeroning kitu, Ketua Tim Penggerak PKK RW 11 Desa Cihanjuang, Anie Mulyani, mertelakeun, di sagedengeun ketakna minangka ibu rumah tangga, kagiatan samodel ieu teh mungguh mangpaat keur parakader PKK.

Lagu nampa materi pelatihan jeung penyuluhan di Santa Sea, tembong parakader PKK teh sakitu antusiasna tur gumbira.

Baca Juga: Umur 10 Taun ka Luhur, Buah Tangkal Kopi Ngurangan, Ngungkulanana Ngabarukeun Tangkal Kopi

“Kahareupna kuring miharep malar parakader PKK Desa Cihanjuang sing mingkin maju jeung tetep sarehat, dibarung ku ayana inovasi motekar lagu ngagelar kagiatan, sarta mingkin patingmucunghul kader nu anyar,” pokna. ***

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah