RANS Nusantara vs Persib Bandung, Prediksi jeung Link Live Streaming, Kick Off 15. 00 WIB

- 19 Februari 2023, 14:18 WIB
Prediksi Persib vs RANS, link live streaming/persib.co.id
Prediksi Persib vs RANS, link live streaming/persib.co.id /

Nurutkeun data, Persib ayeuna aya dina urutan katilu klasemen di handapeun PSM Makassar (kahiji) jeung Persija Jakarta (kadua).

Sedengkeun RANS Nusantara mah ayeuna aya dina urutan ka 18. Poinna 17, tina hasil 3 kali meunang, 8  geded jeung 13 eleh.

"Tah eta margina, Persib ayeuna ditaksir bakal unggul," cek Yandi deui.

Baca Juga: M. Fadjroel Rahman: Antara Puisi, Kazhakstan, jeung Bandung

 

Sakumaha anu kabaca di persib.co.id, palatih Persib Luis Milla oge miharep Persib unggul, sabada ningali performa RANS ayeuna.

Najan kitu, Luis Milla miharep Persib ulah nganggap enteng lawan.

"Sanajan cek kamandang Persib moal sesah ngelehkeun RANS, Persib mah ulah nganggap enteng lawan. Persib tetep kedah maen sae sareng maksimal," cek Milla.

Baca Juga: Tarekah Rahmat Angkung ti Saung Angklung Mang Udjo sangkan Angklung Diaku Warisan Dunya ku UNESCO

 

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah