Nu daragang hui cilembu di Cadas Pangeran teh lolobana mah urang Desa Cijeruk, Kacamatan Pamulihan.
Baca Juga: Di Museum Negeri Sri Baduga Naskah Pangeran Wangsakerta Aya Opat Seri Sejarah
Maranehanana miharep bisa ngajongko di Rest Area Tol Cisumdawu kalawan haratis.
"Maranehanana daek pindah ka rest area, tapi jongkona haratis. Lian ti eta, oge aya pamundut sangkan di Cadas Pangeran dijieun tempat wisata malar jadi pangjugjugan balarea. Eta aspirasi ditampung jangeun bahan sawala nyiar bongbolongan,” ceuk Hari.
Satuluyna ge Hari ngeceskeun, sanggeusna Seksi 2 jeung Seksi 3 Tol Cisumdawu operasional, omset nu daragang hui cilembu di Cadas Pangeran teh bet laju nyirorot.
Baca Juga: Drs Aca Nyusud Naskah Carita Purwaka Caruban Nagari tepi ka Palembang jeung Banjarmasin
Eta kaayaan, meujeuhna, sabab loba kendaraan nu antukna milih ka jalan tol alatan waktuna leuwih singget.
“Ngan, satekah polah Dinas ngungkulan eta kaayaan sangkan nu daragang hui cilembu bisa terus nuluykeun usahana,” pok Hari. ***