"Bali United aya dina level sami sareng Persib, aya di level luhur kleup maen bal di Indonesia, boh ditingali tina jihat palatih, boh pamaen," pokna.
Dumasar papan klasemen saheulanan Liga 1, Bali United ayeuna aya di papan tengah, ecesna di hambalan ka 6 handapeun Borneo FC kalawan poin 35.
Sedengkeun Persib ayeuna aya puncak klasemen kalawan poin 45.
Baca Juga: Mundi Ing Laya Hadi Kusumah, Salawasa Tapa, Manusa bakal Bisa ka Jagat Jabaning Langit
Ngan nurutkeun Luis Milla, posisi Bali United di urutan 6 teh lain hartina kleupna keur goreng. Bali United tetep kleup kuat.
"Simkuring hormat ka Bali United," cek Luis Milla.
Milla saterusna jangji yen duel kontra Bali United engke rek dianggap laga final, teu beda ti laga samemehna.
"Mudahan-mudahan catetan positif Persib nyambung," kitu harepanna.
Nyambungna catetan positif Persib teh nyaeta bisa ngelehkeun Bali United dina waktuna engke.