Cihanjuang Touring Mencari Berkah (CTMB), Kleub Touring Motor Bari Jaroh

- 6 Februari 2023, 16:05 WIB
Kleub Cihanjuang Touring Mencari Berkah (CTMB) waktu acara Milangkala 3 Taun CTMB, Saptu, 28 Januari 2023/ DOK. CTMB
Kleub Cihanjuang Touring Mencari Berkah (CTMB) waktu acara Milangkala 3 Taun CTMB, Saptu, 28 Januari 2023/ DOK. CTMB /


GALURA – Cihanjuang Touring Mencari Berkah (CTMB) ditaratas ku sakumna pemuda nu sok jaroh ka makam para wali kalawan tumpak motor.

Hobi touring motor pikeun CTMB lain sakadar hiburan dina poe libur, tapi oge sabari jaroh minangka ihtiar ngalap kabarokahan.

Ayana rupa-rupa kasang tukang anggota, eta teh dijadikeun dasar ku CTMB pikeun ngabeungkeut ajen duniawi, ukhrowi, sosial, iman jeung takwa enggoning ngahontal kabagjaan hirup di dunya katut aherat.

Baca Juga: Pamarentah Nyetop Sumebarna Ubar Nurunkeun Panas Merek Praxion, Cenah Ngalantarankeun Kasakit Ginjal Akut

Touring CTMB ge diihtiaran pikeun ngawangun komunitas maheutkeun rasa sauyunan, duduluran, tur nguatkeun silaturahmi jeung ukhuwah islamiah nu dilimpud ku kabarokahan.

Didasaran ku eta udagan, komunitas motor CTMB dideklarasikeun ping 25 Januari 2020 waktu jaroh ka Sayang Heulang, Garut.

CTMB teh ayana di Desa Cihanjuang, Kecamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.
Ceuk Ketua CTMB, Abang Solihin, ieu pakumpulan teh dibeungkeut ku papada nu hobi kana widang otomotif, hususon motor jeung reliji jaroh.

Baca Juga: Kapolsek Sindangwangi Polres Majalengka, Binluh di SMAN 1 Sindangwangi

Kiwari jumlah anggotana geus ngaratus, kalawan dilengkepan ku KTA.

Kagiatan rutin CTMB antarana wae pangajian bulanan nu dilaksanakeun kalawan bagilir di imah anggota.

Anapon program jaroh, copelna dilaksanakeun minimal sakali dina sajero dua bulan.

“Jaroh CTMB ka sakuliah makam wali di wilayah Jawa Barat,” pok Abang Solihin.

Baca Juga: Bobotoh Persib taun 1960an, Persib Maen Kandang, di Limbangan Endog Hayam dina Sayang Ledis

Tah, bari touring motor teh, CTMB ge remen ngalakukeun bakti sosial saperti donasi keur kagiatan kaagamaan di sababaraha daerah, sarta mokalan ngumpulkeun bantuan pikeun disalurkeun ka lokasi nu katarajang musibat.

“Mun ninggang dina bulan Romadon, CTMB ngabagikeun tajil haratis di sapaparat jalan jalur Cihanjuang,” ceuk Abang Solihin.

Bari touring motor, sababaraha lokasi nu kungsi dijarohan teh antarana Pamijahan Tasikmalaya, Situ Lengkong Ciamis, Dayeuh Luhur Sumedang, Nangka Beurit di Subang.

Baca Juga: Seni Pantun Sunda keur Ngahornat Nyi Pohaci, Beda jeung Pantun Melayu

Oge jaroh ka Makam Mama Sempur Purwakarta, Makam Cikundul Cianjur, Syekh Baing Yusuf Purwakarta, Situ Sangiang Majalengka, jeung nu lianna.

Kahareupna, Abang Solihin miharep, ayana CTMB teh lain ukur pakumpulan komunitas motor.
Tapi oge bisa mekar tug tepi ka saluareun Desa Cihanjuang, mingkin lega ambahanana, minangka wadah ajang silaturahmi dina syiar Islam.

“CTMB teu weleh ihtiar sangkan eksistensina teh mawa maslahat pikeun umat,” ceuk Abang Solihin.

Baca Juga: Ronggeng Gunung ti Banjarsari Kabupaten Ciamis, Balas Dendamna Dewi Siti Samboja ka Kala Samudra

Sajeroning eta, Pembina CTMB nu oge Kepala Desa Cihanjuang, Gagan Wirahma, mertelakeun, tujuan ieu komunitas teh geusan ngalarapkeun syiar Islam dibarung nyiar kabarokahan.

Sipat rukun sauyunan jeung duduluran diwujudkeun dina rupaning bentuk kagiatan sosial.

“Iman jeung takwa dituwuhkeun sarta dironjatkeun dina wangun touring reliji enggoning ngalap barokah,” pok Gagan Wirahma. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah