GALURA- Cara anu dilakonan ku Pemerintah Desa Tugumulya, Kecamatan Darma, Kabupaten Kuningan, dina ngokolakeun runtah pikeun mayar PBB mangrupakeun poténsi jeung inovasi nu payus dimekarkeun.
“Sim kuring kacida ngabagéakeun kana tarékah nu dilakonan ku Pemerintah Désa Tugumulya dina ngali poténsi kanggo mayar PBB," ceuk Guruh.
Baca Juga: Di Desa Tugumulya, Runtah Bisa Dipake Mayar Pajeg
Kepala Badan Pengelolaan Pendapatan Daerah (Bappenda) Kabupaten Kuningan, Guruh Irawan Zulkarnaen, netelakeun eta hal, basa dipenta kamandangna patali hal kasebut.
Baca Juga: Mikawanoh Kabuyutan Ciburuy Garut, Situs Budaya nu Neundeun Banda Titinggal Prabu Siliwangi
Ku kituna, Guruh miharep tarekah nu dilakonan Pemerintah Desa Tugumulya bisa jadi conto pikeun desa-desa sejenna di Kuningan.
Nurutkeun Guruh, réa inovasi nu dilakonan ku pemerintah désa di Kabupatén Kuningan dina tarékah ngudag target percepatan pelunasan PBB.
Tapi kituna téh karancagéan dina mayar PBB kawas nu dilakonan ku Pemerintah Desa Tugumulya kawilang carang.
Baca Juga: Panen Pare Munggaran di Desa Kertawangunan, Acep : Patani Kudu Leuwih Motekar
Ku sabab kitu, Guruh miharep karancagean nu dilakonan ku Pemdes Tugumulya bisa jadi conto pikeun désa-désa séjénna di Kabupatén Kuningan.
Ceuk Guruh, cara anu dilakonan ku Pemdes reujeung masarakat Desa Tugumulya dina Mayar PBB, kaasup salah sahiji bentuk muatan lokal atawa kaarifan lokal anu kudu dipiara.
Baca Juga: Patroli Gabungan, 26 Sapedah Motor Tampa Dilengkepan Surat Diamankeun Pulisi
Adat tradisi masarakat kawas kitu, kudu dicepeng pageuh hususna ku masarakat desa Tugumulya
“Cara-cara nu dilakonan ku Pemerintah Desa Tugumulya, kalebet muatan atawa kaarifan lokal nu saé, tiasa dianggo kanggo désa-désa sanésna,"pokna.***