Dituding Murang-Maring Pedah Gagal Nyaleg, Ketua DPD Golkar Kabupaten Bandung Mecatan Pimpinan Kacamatan

9 April 2024, 06:09 WIB
Ketua DPRD Kabupaten Bandung, Sugianto nu oge Ketua DPD Partai Golkar Kabuupaten Bandung. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Lobana 17 Pimpinan Kecamatan (PK) Partai Golkar ti 31 PK di Kabupaten Bandung dipecatan ku Ketua DPD Golkar Kabupaten Bandung, Sugianto.

Ketua PK Golkar nu dipecatan kuciwaeun pisan. Arinayana nuding Ketua DPD Golkar Kabupaten Bandung teh murang-maring jeung stress alatan dina Pemilu 2024 gagal nyaleg jadi anggota DPRD Propinsi Jabar.

Ketua PK Kecamatan Banjaran nu dipecat, Supriadi basa dipènta kamandangna kana telepon selulerna, Senèn, 8 April 2024 nètèlakeun, waktu rapat di DPD Golkar, 8 Maret 2024 dibekukeunana PK lantaran ketua DPD nu nyalon anggota DPRD Propinsi Jabar gagal.

Baca Juga: Dudy Pamuji, Nyongcolang Batan Caleg Partéy Golkar Séjén di Dapil XIII Jabar

Di TPS tempat Supriadi nyoblos Sugianto nu ogè Ketua DPRD Kabupaten Bandung ieu ukur meunang 3 sora. Caleg ti Golkar sèjènna, Agus meunang 119 sora. "Janten teu jelas dasarna ujug-ujug ngabekukeun pangurus PK. Alesanana naon? Sacara aturan, ieu ilegal," ceuk Supriadi.

Supriadi nyebutkeun Tindakan Sugianto, ngabalukarkeun guligah di internal partey. “Digawe suhud sangkan Golkar unggul, bet ujug-ujud dipecat,” pokna. Di Kev

Di Kecamatan Banjaran sora Golkar panglobana. “Jadi teu aya alesan simkuring saparakanca dibekukeun. Upami ku lantaran teu hasil nyalon janten anggota DPRD Provonsi, ieu dasarna peryogi dipertanggungjawabkeun, " pokna.

Korsi Golkar di DPRD Kabupaten Bandung tina Pileg 2019 jumlahna 11, taun ayeuna jadi 9. Ceuk Supriadi ieu bukti kagagalan Ketua DPD Golkar, lantaran teu harmonisna antara pangurus DPD jeung PK.

Baca Juga: Legislator Fraksi Golkar, Hj. .Ety Mulyati : Mangpaatkeun Reses Sahadè-Hadèna

Sakuduna, ceuk Supriadi, di parèy atawa organisasi mana waè, anggota lamun aya kasalahan ditegor tuluy aya paringatan 1,2 jeung 3. "Tapi ieu teu aya dasarna jol dibekukeun, " pokna.

Dibekukeunana PK ceuk Supriadi bakal aya pangaruh kana Pilkada November 2024. "Matak marudah konstituen Golkar,” pokna.

Supriadi nyebutkeun, ayeuna tokoh Golkar di Banjaran kuciwaeun ku kapamingpinan Sugianto, lantaran teu bisa narima kagagalan tepi ka ngabekukeun PK jeung pangrus DPD nu aya di akar rumput.

Nu nyababkeun Supriadi jeung sababaraha urang Katua PK nu dibekukeun hèmèng sabab teu lila satutas diumumkeun dibekukeunana PK, dina tanggal 11 Maret 2024 medal SK Plt nu ngagantikeun sababaraha Ketua PK.

Baca Juga: Partai Golkar Ngagelar Dikpol Udaganana Nyangking 20 Persen Sora dina Pemilu 2024

Ketua PK Margahayu, Gugun Hadi Gunawan nu sarua dipecat, Plt nu diangkat lain ti unsur pangurus DPD, padahal dina ART/AD disebutkeun Plt diangkat ti pangurus satingkat leuwih lihur.

"Hartosna, Plt ketua PK nu diangkat ku pangurus DPD Golkar Kabupaten Bandung, sanès ku nu enggal, " ceuk Gugun, Senèn, 8 April 2024.

Plt Ketua PK Golkar Kecamatan Margaasih ogè ceuk Gugun diangkat ti saluareun kapangurusan DPD Golkar Kabupaten Bandung.

Ketua PK Majalaya nu sanasib, Soni Wibawa, keuheuleun jeung kuciwaeun naker.

Salahsaurang pangurus DPD Partai Golkar, ketua maten OC, Deden nerangkeun, 7 April 2024 Ketua DPD Golkar Kabupaten Bandung jeung Sekretaris ngayakeun deklarasi ti para ketua PK Plt di DPD Golkar Kabupaten Bandung.

"Ketua DPD sareng sekretaris janten pangurus DPD Golkar Kabupaten Bandung teu ngalungkungan proses musda, " ceuk Deden.

Kakuciwaan ku sikep Sugianto ditepikeun ku Ketua PK Cicalengka Abdul Rohim, S.Pd., M . Inyana ngaku jèngkèleun pisan ku Sugianto jeung Sekretarisna. Ieu kepala desa maten Babakan Peuteuy nu ogè Ketua Apdesi Kecamatan Cicalengka miharep sangkan aya pihak nu bisa ngeureunkeun paripolah Sugianto nu sangeunahna.

Ceuk Abdul Rohim, mecatan PK, ngaarempak ART/AD Partai Golkar bisa ngiruhkeun kaayaan Golkar nu di Kabupaten Bandung hasil Pemilu 2024 ngagejret.

Ketua Harian DPD Golkar Kabupaten Bandung H. Yanto Setianto, SE.,MM waktu dikonformasi kana telepon selurena, Senèn 8 April 2024, nyebutkeun baris investigasi heula.

"Badé koordinasi heula boh sarèng rekan-rekan di DPD Golkar Kabupaten Bandung, di DPD Provinsi Jabar, boh fi DPP. Insyaallah saparantos boboran, supados teu ngaganggu kahusuan ibadah saum," ceuk H. Yanro.

Ketua DPD Golkar Kabupaten Bandung, H. Sugianto bangun nu wegaheun dkonfirmasi ngeunaang dipecatanana ketua jeung pangurus PK Golkar." Teu kedah direspon, tos clear luyu mekanisme internal partai. Ieu mah aya nu palayeun riweuh di partèy , " tulis Sugianto kana WA.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler