Ancurna Bangsa jeung Nagara, Alatan Mutrofin Henteu Takwa

7 April 2024, 14:26 WIB
Buku nu ngabahas pasualan korupsi nu bisa ngalantarankeun nagara ancur. /Dok/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kaancuran bangsa jeung nagara, réa dikisahkeun dina Al-Quran katut Sunnah Rosululloh Saw. Ukur nyésa tapak-tapak patilasanana, nu bisa dipakě eunteung ku generasi sapandeurieunana.

Nya Alloh SWT marěntahkeun ka sakur manusa, sangkan lumampah di latar jagat, pikeun nyaksian jeung napakuran pasěsaan kajayaan umat-umat baheula nu geus diancurkeun ku Alloh SWT balukar nukang-nonggong kana aturan Anjeunna (Q.s. Rum : 41) .

Kakawasaan Alloh SWT taya wates wangen. Naon baě kapalay Anjeunna, sakedět nětra bisa ngawujud.

Baca Juga: Pamingpin anu Nyunda

“Alloh nu nyiptakeun langit jeung bumi, sarta lamun Anjeunna palay nyiptakeun naon waě oge, cukup ku ngucapkeun “Kun Fayakun”. Jleg baě jadi (Quran S.Al Baqoroh : 117).

Sanajan kitu, Alloh SWT teu sawenang-wenang. Teu ujug-ujug ngancurkeun bangsa jeung nagara kitu baě. Saměměhna diiberan heula ngaliwatan utusan-utusanaNa, para Nabi katut Rosul (Q.s.Al A’rof : 100-102). Sarta ngaliwatan dawuhaNana nu tinulis dina kitab pituduh (Al Quran).

Di antarana, saměměh ngancurkeun hiji bangsa jeung nagara, Alloh SWT měpělingan heula kaom “mutrofin” (ělit) di eta nagri. Sangkan kaom elit (pangawasa, pangusaha, politikus) nu harirup medah-meduh di dunya, milampah takwa. Ta’at kana parěntah Alloh, sakaligus nyingkahan panglarangNa.

Ngan maraněhna mantangul. Boga kakawasaan dipakě nyangsara umat, boga pausahaan dipakě ngaruksak alam, boga kaahlian politik dipakě ngeduk kauntungan pribadi katut kroni-kronina.

Baca Juga: Ngarumat Tatakrama jeung Etika

“Lantaran maraněhna wangkelang bedang,nya tumiba katangtuan Kami. Ěta nagri ku Kami diancurkeun saancur-ancurna.” (Quran S.Isro : 16)

Sarat sějěnnya, lamun pangeusi nagri, geus boga kabiasan dolim. Dawuhan Alloh, Q.S.Al Qoshsoh: 59 : “Kami ngabinasakeun nagri-nagri, lamun seug pengeusina geus darolim.”

Para ulama nětělakeun, nu disebut dolim aya tilu rupa. Nyaěta dolim ka diri pribadi masing-masing. Kayaning, nyengker anggahota badanna pikeun nedunan kawajiban ibadah jeung amal solěh, jalir jangji, rěa meredih hak Alloh ti batan ngalaksanakeun kawajibanana tunduk ta’at ka Alloh SWT. Tegesna ngagegeděkeun hak asasi dirina pribadi, ti batan nedunan hak Alloh SWT.

Kitu deui dolim ka sasama mahluk. Dolim ka sasama manusa, ku cara ngalěděk, ngahina, teu ngahargaan, tara daěk nulungan, tara daěk měrě mawěh, jsb. Dolim ka alam lingkungan. Ngaruksak tatangkalan keur kauntungan sorangan, ngabukbak leuweung keur sumber pangasilan nu leuwih hojih. Teu paduli bakal nimbulkeun bencana banjir, longsor, jeung sajabana.

Baca Juga: Palanggeran Etika dina Naskah Sunda, Dipahing pisan Hianat ka Nu Geus Boga Jasa

Sarta dolim ka Alloh SWT. Mapaharěkeun sagala parěntahNa, ngarempak sagala panglarangNa. Ngarasa mampuh ngojayan alam dunya ku kakuatan pisik, ělmu katut kakayaanana. Ngalělěce ayana Poě Ahir jeung Poě Balitungan. Anggapanana, sagala perkara běrěs, sabada maot.Sabada raga badag dikurebkeun. Peun taya tuluyna.

Sikep dolim kieu, lamun geus mahabu sabangsa sanagara, nu jadi alatan turunna azab Alloh SWT nu ngancurleburkeun eta bangsa jeung nagara.

Dina Quran,rěa kisah ngeunaan bangsa jeung nagara nu kungsi ngahontal puncak kajayaan. Lantaran sakaběh pangeusina, ti kaom alit nepi ka kaom alit, tunduk patuh kana aturan Alloh SWT. Terus diancurleburkeun sanggeus maraněhna robah sikep.

Ngabangkang ka Alloh SWT, sarta ngajadikeun dirina “berhala” nu kumawasa. Kitu pisan nasib nu tumiba ka bangsa jeung nagara ‘Ad, Samud, Madyan, Saba, Firaun, Namrud, jeung sajabana.

Kajadian sarupa kitu nu dimaksud ku S.Ar Ra’du ayat 11 : “Alloh moal ngarobah nasib hiji kaum (sukur nimat), kajaba lamun maraněhna ngarobah sikep (kufur nimat).

Sukur nimat mangrupa poko utama pikeun meunang rohmat anugrah Alloh SWT, boh ka pribadi-pribadi, boh ka bangsa jeung nagara. Ka sakur nu sukur nimat, Alloh SWT bakal ngalipetgandakeun nimatNa. Ari ka nu kufur nimat, nyaěta nu nyělěwěngkeun nimat anugrahNa, pikeun masiat ka Anjeunna, bakal nibankeun azabNa anu pohara.

Dina S. An Nahl : 112, Alloh SWT nerangkeun, kaayaan hiji nagri nu subur mamur gemah ripah loh jinawi, rejeki datang ti ditu ti dieu, ngan barang pangeusina kufur nimat, maraněhna ditibanan kasangsaraan, mangrupa kalaparan jeung kasieun. Kitu deui dina S.Ibrahim : 28, Alloh SWT nyontokeun hiji kaom nu kufur nimat, digebruskeun ka “Darul Bawar” (Nagara Kaancuran).

Padahal Alloh SWT, parantos mepelingan : “Saupama pangeusi nagri iman jeung takwa, Alloh baris mukakeun lawang barokah ti langit jeung ti bumi” (Q.S.Al A’raof : 96)

Dina urusan naon waě ogě, Alloh SWT moal nyulayaan jangji-jangjiNa (Q.s.Ali Imron : 194)
Maha Leres Alloh Nu Maha Agung.*** Mh.Usfuriddin Rowi

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler