Dr Praniko Imam Sagita Aktif di SLM Palembang Tilu Kali Noron jadi Anggota DPRD Kabupaten Bandung

29 Maret 2024, 10:00 WIB
Anggota DPRD Kabupaten Bandung, Praniko Imam Sagita. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dr. Praniko Imam Sagita, SH., M.H. geus 2 periode jadi anggota DPRD Kabupaten Bandung. Ku kapilih deui dina Pemilu 2024, inyana laju ka 3 periodena.

Kasang tukang atikan dina widang hukum jeung mingpin sababaraha LSM di tempat inyana digumelarkeun, di Libuk Linggau Palembang, 25 November 1979 Praniko kapincut kana dunya politik.

Ngan, justtu mimiti ancrub ka dunya politikna mah sanggeus inyana ngumbara ka Kabupaten Bandung taun 2005.

Baca Juga: Ketua DPC PAN Katapang, Acuy Syakur Bungaheun H. Tedi Kapilih deui Jadi Anggota DPRD Kabupaten Bandung

Mimitina kapincut jadi anggota DPRD Kabupaten Bandung tèh, kajurung ku hayang makarya tur mela masarakat make Partai Gerindra.

Taun 2014 Pramiko kapilih jadi anggota DPRD Kabupaten Bandung. Tahun 2019 kapilih kadua periodena.

Kitu ogè taun 2024 ayeuna nu katilu periodena, inyana anggota DPRD Kabupten Bandung ti Dapil 3 nu ngawengju Kecamatan Cileunyi, Cimenyan,Cilengkrang, katut Kecamatan Bojongsoang.

Kiprah panungkas Praniko salila di DPRD Kabupaten Bandung teh minangka Ketua Fraksi Gerindra jeung Ketua Komisi B.

Baca Juga: Nutup Reses Anggota DPRD Kabupaten Bandung H. Tedi Supriadi, Nganuhunkeun ka Bobotoh

Salila jadi Kerua Komisi B, Praniko ngaku loba tanggung jawab utamana dina pasualan ekonomi nu loba raket pisan langsung kana kapentingan masarakat.

Komisi B tèh widang paèkonomian rakyat, ceuk Praniko hubunganana jeung UMKM, PKL, padagang leutik, jeung para patani.

"Sktor sanèsna nu luyu sareng pendpatan asli daerah (PAD) kalebet kamekaran pariwisata, " ceuk Iman Sagita ka Galura dina lolongkrang Rapat Paripurna di Gedung M Toha Soreang, Kemis, 28 Maret 2024.

Pikeun ngaronjatkeun paèkonomian masarakat sakaligus bari jeung ngembangkeun pariwisata di Kabupaten Bandung, Praniko ngawanohkeun pariwisata di Kabupaten Bandunh boh di jero nagri boh ka luar nagri.

"Ieu tèh penting kanggo ngaronjatkeun paèkonomian masarakat sareng PAD, " ceuk Praniko.

Ngan, cenah Praniko meredih ka pamarèntah pusat sangkan ngawangun tol atawa ngalegaan jalan ka arah Ciwidey. Sabab karunya masarakat keuna balukar macet.

Atawa cenah, kerèta api nu kungsi aya taun 1930 tepi ka 1992 sangkan diaktifkeun deui. "Ieu tiasa janten kereta wisata tuajuan Ciwidey. Upami baheula mah ku masarakat dianggo ngakut hasil panèn, " pokana. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler