Perumda Air Munum Tirta Raharja Mitembeyan Aub kana BUMD Award 2024 Langsung Dileler Pangajèn

22 Maret 2024, 13:47 WIB
Kabupaten Bandung ngaborong 5 pangajèn dina BUMD Award 2024.. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Perumda Air Minum Tirta Raharja (PDAM) Kabupaten Bandung dileler pangajèn Bintang 5 Top BUMD Award 2024. Pangajèn ieu ti TOP Business rukun gawè jeung Institut Otonomi Daerah (i-OTDA), katut sajumlah lembaga sèjènna, nu dijejerna: “Penguatan Tata Kelola dalam Membangun Kinerja Bisnis dan Layanan BUMD”.

Direktur Umum Perumda Tirta Raharja Welly Nugraha nètèlakeun, najan Perumda Tirta Raharja mitemneyan taun ieu milu kana pameunteunan BUMD Award 2024, tapi inyana syukur bisa langsung meunang pangajèn.

"Alhamdulillah. Ieu tèh kumargi dukungan Bupati Bandung, Pa Dadang Supriatna minangka pembina, sareng komitmen nu kiat ti simkuring saparakanca dina pangembangan pausahaan,” ceuk Welly kamari.

Baca Juga: Karasa Mangpaatna ku Warga Bupati Bandung rèk Nuluykeun 13 Program Prioritas

Tina hasil pameunteun juri, Perumda Tirta Raharja dianggap geus ngalarapkeun inovasi teknologi jeung informasi, tata kelola manajemen nu alus, teknis manajemen, jeung pameunteun GCG ti BPKP kalayan kategori baik sekali (92,25).

Iwal ti kitu, aspek keuangan, operasional, SDM, layanan pelanggan, geus dihadè-hadè, tur kontribusina gedè dina pangwangunan daerah dina 1-2 taun katompèrnakeun, ogé jadi tinimnangan dina pameunteun.

Nurutkeun Welly, pausahaan cai inum bogana Kabupaten Bandung  loba pisan kamotèkaranana tur ngaronjatkeun kinerja tepi ka  teu ukur mampu ngaronjatkeun pendapatan daerah, tapi ogè mampu mèrè pangladèn nu leuwih hadè ka masarakat.

Salasahijina ayana aplikasi TiraQu nu ngalantarankeun pelanggan bisa leuwih deukeut tur babari ngakses pangalayan, ti babayar, nepikeun bangbaluh, samalah pendaftaran ngajukeun saluran cai bersih pikeun pelanggan anyar.

Baca Juga: Top BUMD 2024, Pemkab Bandung Ngaborong 5 Pangajèn

“Sanaos pelanggan tebih, tapi masih tiasa kènging pangladèn pelayanan kumargi sadayana bangabaluh atanapi saran nu lebet ngalangkungan aplikasi kasebat teu wwlèh direspon,” ceuk Welly

Ka hareup, Welly nargetkeun Perumda Tirta Raharja bisa jadi pausahaan daerah munggaran di Jawa Barat jeung nasional nu hade dina ngaladenan masarakat.

Iwal ti Perumda Air Minum Tirta Raharja, pangajèn BUMD Awar 2024 ditarima ogè ku BUMD séjènna di Kabupaten Bandung. Kabupaten Bandung ngaborong 5 pangajèn.

Lima pangajèn

1. Bintang 5 Top BUMD Award (PDAM Tirta Raharja)
2. Bintang 5 Top Pembina BUMD Award (Bupati Bandung, DR. H. M. Dadang Supriatna, S.I.P., M.Si.)
3. Bintang 5 Top CEO BUMD (Direktur PDAM, Drs. H. A. Teddy Setiabudi, M.T)
4. Bintang 4 Top BUMD (BDS)
5. Top CEO BUMD (Dr. Yanuar Budinorman, SE, Dirut PT. BDS)

Bupati Bandung, Dadang Supriatna miharep pangajèn nu ditarima nambah sumanget pikeun ngagancangkeun tumuwuhna paèkonomian masarakat Kabupaten Bandung.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler