Ketua DPRD Kabupaten Bandung Ngajurung Pemkab Ngawangun Gedong Arsip ATR BPN

16 Maret 2024, 06:50 WIB
Ketua DPRD Kabupaten Bandung, Sugianto. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ketua DPRD Kabupaten Bandung , H Sugianto, S.Ag deuk ngajurung sangkan Pamarèntah Kabupaten Bandung sagancangna nganggarkeun jang ngawangun gedung arisp ATR/ BPN Kabupaten Bandung.

Kutina tèh ditepikeun Sugianto basa ngadongdon ka kantor ATR/BPN Kabupaten Bandung di Komplek Perkantoran Pemda Kabupaten Bandung, Jalan Al-Fathu Soreang, Juma'ah, 15 Maret 2024.

Tumorojogna Suguanto ka Kantor ATR/ BPN  dibagèakeun Kepala Kantor ATR/BPN, Rahmat nu dibarengan Kasi HHT, Dani.

Baca Juga: Menteri ATR BPN RI Hadi Tjahjanto: Sertipikat Nyinglar Lahan Disorobot

Dina eta kasempetan Sugianto narima bangbaluh Kepala ATR/BPN, kantor nu dipingpinna ngabutuhkeun gedong husus arsip, alatan di BPN saban bulan, arsip nu asup antara 4000 tepi ka 5000, ari rohangan keur nyimpen fisik arsip geus pinuh teuing.

Dina kasemoetan harita ogè , Sugianto ngapresiasi Kepala Kantor ATR BPN nu geus hasil mawa Kabupaten Bandung jadi panghetapanana dina ngeusahkeun RTRW jeung RDTR.

Sugianto nyebutkeun Kepala BPN kacida nembrak mun aya  masarakat ngadoni patali jeung nyieun sertifikat tanah.

Ceuk Suguianto, salila ieu gawè bareng DPRD jeung BPN kajalin hadè tepi ka Kabupaten Bandung jadi rengking kahiji panggancangna dina ngesahkeun RTRW jeung RDTR ti Kementrian ATR /BPN,

Baca Juga: Kakanwil ATR BPN Jawa Barat: Taun 2025 Sagala Widang Tanah di Kabupaten Bandung Kadaftar

"Ku ditetepkeunana RDTR dipiharep para pangusaha nu badè ngamodal di Kabupaten Bandung teu ham-ham deui kanggo ngawangun, margi kawasan-kawasanna tos jelas," ceuk Sugianto..

Samèmèhna, sababaraha minggu ka tukang Bupati Bandungn, Dadang Supriatna, ngadongdon Kantor ATR /BPN, ngabagikeun Sertifikat Lintas Sectoral (Lintor).

Harita ogè inyana jangji bakal ngawangun gedong arsip BPN, sabab ratusan rèbu arsip PTSL di Kabupaten Bandung merlukeun tempat keur neundeunna.

Taun 2024 waè seratus rèbu widang tanah ayeuna geus diproses, jeung tilu rèbu widang tanah di antarana geus dipasrahkeun sertifikatna ka masarakat ku Presiden Joko Widodo di SOR Si Jalak Harupat, 3 Februari 2024.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler