ATR BPN Kabupaten Bandung Mièling HANTARU 2023, Rahmat: Kinerja jeung Kolaborasi

- 25 September 2023, 19:25 WIB
ATR/BPN Kabupaten Bandung Mièling HANTARU 2023 di palataran kantor ATR/BPN Kabupaten Bandung, Komplek Pemda Kabupaten Bandung, Soreang, Senen (24/9/2023).
ATR/BPN Kabupaten Bandung Mièling HANTARU 2023 di palataran kantor ATR/BPN Kabupaten Bandung, Komplek Pemda Kabupaten Bandung, Soreang, Senen (24/9/2023). /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Saban tanggal 24 September dipièling Hari Agraria dan Tata Ruang Nasional (HANTARU). Taun 2023 HANTARU nu ka-63. Patalina jeung ieu Bupati Bandung H.M Dadang Supriatna nganuhunkeun ka presiden nu geus ngayakeun program Pendaftaran Tanah Sistematis Lengkap (PTSL) khususna di Kabupaten Banding.

Bupati Bandung mgarojong ATR/BPN ngarèngsèkeun sababaraha widang PTSL nu can rèngsè. "Ku PTSL kakuatan hukum kapamilikan lahan masarakat kasalindungan, "pokna satutas jadi inspektur upacara bendera HANTARU 2023 di palataran kantor ATR/BPN Kabupaten Bandung, Komplek Pemda Kabupaten Bandung, Soreang, Senen (24/9/2023).

Program PTSL Kabupaten Bandung, ceuk Bupati Bandung tina 60.000 widang PTSL geus 80 persenna rèngsè. "Dirojong supados PTSL rèngsè saènggalna, " kata Dadang Supriatna.

Baca Juga: Uus Rusdiana, Anggota DPRD Ciamis, Ngadongsok ka Pemda Ciamis Gancang Nyairkeun Dana Aspirasi

Kepala Kantor BPN Kabupatem Rahmat, nètèlakeun, jejer HANTARU taun 2023: Kinerja dan kolaborasi. “Taun ieu diperedih mèrèskeun PTS nu ngarupakeun program strategis nasional. Kabupaten Bandung kaasup daerah nu pangseueurna target, " pokna.

Ceuk Rahma, penting kolaborasi gawè bareng jeung pamarèntah daerah hususna, tepi ka PTSL nu 60 rewu tèh bisa kahontal di 2023. " Simkuring ogè nyuhunkeun media tiasa ngasosialisasikeun, sapados target kanggo masarakat Kabupaten Bandung kahontal, " pokna.

Rahmat nyebutkeun, danget ayeuna 37 rèbu PTSL geus ngawujud. "Kamari saleresna diblokir 39 rèbu. Kamari dibuka. Simkuring ngaapresiasi ka pamarèntah daerah,” pokna.

Inyana meredih bantuan wartawan supaya ngasosialisasiken program PTSL supaya target gancang kahontal. “BPN kawates ku waktu taun anggaran,” pokna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah