Komisi II DPRD Jabar: Komoditi Lauk Air Tawar Prospekna Hade

20 Februari 2024, 19:00 WIB
Komisi II DPRD Jabar, kunjungan kerja (kunker) ka Cabang Dinas Perikanan dan Kelautan Wilayah Selatan di Singaparna, Kabupaten Tasikmalaya dina raraga evaluasi Program dan Kegiatan APBD Tahun Anggaran 2023. Keamis, (15/02/2024). /

GALURA.CO.ID -Anggota Komisi II DPRD Jabar, kunjungan kerja (kunker) ka Cabang Dinas Perikanan dan Kelautan Wilayah Selatan di Singaparna, Kabupaten Tasikmalaya dina raraga evaluasi Program dan Kegiatan APBD Tahun Anggaran 2023. Keamis, (15/02/2024).

Anggota Komisi II Endah Suwarni nyebutkeun prospek lauk air tawar di Provinsi Jawa Barat solusi panghadena keur ngaronjatkeun ekonomi masarakat.

Pihakna ngapresiasi Cabang Dinas Perikanan dan Kelautan Wilayah Selatan  nu geus tuhu ngalaksanakeun pancenna dina ngabudidayakeubn pembudidayaan komoditi lauk air tawar.

Baca Juga: Ketua PPK Kecamatan Margahayu Mastikeun Proses Rekapitulasi Kondusif, Jurdil tur Transparan

Disebutkeun nengetan kana prospekna, komoditas lauk air tawar  jadi bisnis nu matak nguntungkeun, kiwari jeung ka hareupna.

“Komoditi nu dititenan lolobana gurame, katingal prosopekna sae, sareng memang hasilna. Komisi II ngangapresiasi ka Cabang Dinas Perikanan dan Kelautan Wilayah Selatan," pokna.

Endah nyebutkeun Komisi II  bakal terus ngalaksanakeun fungsi pengganggaran keur Cabang Dinas Perikanan dan Kelautan Wilayah Selatan sangkan manjang  sarta  bakal ngaronjatkeun anggaran agar  sangkan lumangsung leuwih hade.

“Kudu dikawal tarekah keur ngaronjatkeun anggaran,” pokna deui.

Baca Juga: Amanat Kapolsek Margahayu dina Rekapitulasi Hasil Pemilu 2024, Ulah Capè Teuin

“Komisi II intina tos ngabahas soal anggaran, tina kituna kedah dikawal supados anggaran ngaronjat supados lumangsung kalayan hade,” pokna.

Endah umajak ka masarakat Provinsi Jawa Barat hususna Tasikmalaya sangkan salawasna ngonsumsi lauk air tawar. Pangabutuh  lauk di Tasikmalaya  geus hade, dideudeul  sektor pariwisata  jeung ku nu  usaha kana kuliner di Tasikmalaya.

“Ngonsumsi lauk hade, lauk nganduyng gizi nu hade,” ceuk Endah. Inyana miharep ku komiditas lauk air tawar nu alus, gizi masarakat Tasikmalaya bisa ngaronjat, sarta budidaya lauk  di Jawa Barat bisa leuwih ngaronjat.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler