GALURA.CO.ID -Dinas Kelautan dan Perikanan (DKP) Jabar, sakumaha nu diebrehkeun ku Kepala UPTD Pelabuhan Perikanan Cilauteureun, Dr. Donny Orlando W, ST, MPSDA., Ahad (07/01/ 2024), kiwari nangenan 20 palabuhan perikanan, salahsahijina palabuhan perikanan Cilauteureun, di wilayah Kabupaten Garut.
“Pelabuhan perikanan Cilauteureun, mibanda lahan nu kawilang lega. Atuh, potensi sumberdaya lauk laut nu saban poe diala ku pamayang, dina sabulanna ngahontal saton leuwih,” pokna.
Undakna produksi lauk laut, ceuk Donny, ku lantaran wewengkon pakidulan mah memang euyeub pisan ku sumberdaya hasil laut, pangpangna jenis laukna. “Di Cilauteureun, kawentar ku lauk tongkol, layur, lobster, jeung kerapu,” pokna.
Baca Juga: Seni Beluk nu Ngaburahol
Teu ngabibisani, ceuk Donny, di Cilauteureun, jumlah pamayangna kiwari ngahontal 834 urang jeung jumlah perahuna kacatet 650 unit. “Mingkin euyeubna jumlah pamayang, temahna aya persaingan nu kompetitif di antara pamayang, solusina memang diperlukeun diversifikasi usaha, ieu salah sahiji garapan simkuring, udagan kahirupan pamayang ngarah leuwih raharja,” pokna.
Kondisi di palabuhan perikanan, teu leupas tina bangbaluh, deetna walungan jeung muara. Tarekah Donny, nu geus dilakukeun, ngaleungitkeun sendimentasi di muara. “Awal sasih Desember 2023, UPTD Pelabuhan Cilauteureun, ngedukan muara jeung walungan sangkan leuwih jero deui, ngagunakeun excavator,” pokna.
Ngeunaan muara, alatan sendimentasi, dikeruk oge ku Donny rukun gawe jeung sajumlah pamayang. Hasilna, kapal ikan nu larsup ka palabuhan, kiwari leuwih laluasa taya barebedan. “Baheula mah, muara teh ukur bisa dipake lalar-liwat 1 atawa 2 kapal, ayeuna mah sanggeus sungut muara diomean bisa 6 tepika 8 kapal nu lalar liwat teh,” pokna.
Wewengkon palabuhan sarua deuih dikeruk, taneuhna nu laladeg dipiceunan, palabuhan dibebenah dihade-hade. “Tos dikeruk mah, di jero palabuhanna, kapal nu pamayang bisa laluasa parkir, teu ngadagoan heula laut pasang, iraha wae pamayang bisa miang ka tengah laut,” pokna.
Baca Juga: Ceuk Beja, Ketua DPRD Ciamis, Nanang Permana, Rek Makalangan dina Pilkada 27 Novemver 2024
Dikerukna wilayah palabuhan, walungan tepi ka muara, dipuji pamayang jeung warga pakidulan. “Apresiasi ka DKP, hususna pihak UPTD Pelabuhan Perikanan Cilauteureun, lantaran geus leuwih ti 20 taun wilayah palabuhan jeung sabudeureunna can pernah dikeruk deui,” cek salah saurang pamayang cilauteureun, ujang junaedi.
UPTD Pelabuhan Pantai Cilauteureun, memang andelan DKP Jabar. Garapan wilayahna kawilang lega, sapanjang basisir 399,32 kilometer ti Batukaras Pangandaran tepi ka wilayah Ujunggenteng, Sukabumi.
Payus kituna mah, mun laut pakidulan beunghar ku potensi lauk laut nu rageman. Ngan, hanjakalna, potensi eta can saimbang jeung kamampuhan SDM pamayang nu masih kawatesanan kamampuanna. Tangtuna jeung sarana prasarana kapal laut moderen purah ngala laut nu jumlahna masih kawatesanan.*** Cecep Ks