GALURA.CO.ID - Rembug Bedas ka-84 Bupati Bandung, Dadang Supriatna di Kecamatan Cileunyi minangka Rembug Bedas pamungkas dina taun 2023. Rembug Bedas satuluyna bakal dilaksanakeun deui dimimitian 8 Januari 2024.
Rembug Bedas pamungkas 2023 digelar di GOR Bulutangkis Hidayat Jalan Cibiru Hilir No. 15 RT 02/RW 01 Desa Cibiru Hilir Kecamatan Cileunyi Kabupaten Bandung, Juma'ah, 29 Desember 2023.
Samèmèhna dina poè èta kènèh, Bupati Bandung ngalaksanakeun Rembug Bedas ka-82 di GOR Jati Sport, Desa Jatiendah, Kecamatan Cilengkrang, jeung Rembug Bedas ka-83 di SMK Bhakti Nusantara Jalan Percobaan Lembur Tagog Kidul No. 15 RT. 03/15, Desa Cimekar, Kecamatan Cileunyi.
Baca Juga: Pemkab Bandung Ngapungkeun Simantool ASN
Bupati Bandung ogè ngalaksanakeun Jumat Keliling (Jumling) ka-83 di Masjid Jami Miftahul Falah Jalan Percobaan Cikalang RT 04/RW 12 Desa Cileunyi Kulon, Kecamatan Cileunyi.
Dina Rembug Bedas ka 84 Bupati Bandung kacida ngarojong ngadegna SMAN anyar di Kecamatan Cileunyi, najan aya dina kawenangan Provinsi Jawa Barat.
"Simkuring badè merjuangkeun kanggo ngadegna SMAN di Cileunyi. Disurvey lokasi lahanna heula. Kanggo ngadegkeun SMPN enggal tos dilaksanakeun dua SMPN, nyaèta SMPN Cileunyi 4 sareng 5 di Kecamatan Cileunyi," ceuk Dadang Supriatna.
Dadang Supriatna ogè ngabahas rencana pangwangunan Jalan Lingkar Cileunyi nu can beres tepi ka ayeuna. Jalan Lingkar Cileunyi nyambung ka Kota Bandung. Wacana pangwangunan jalan Lingkar Cileunyi mimiti diapungkeun saprak dirina masih kènèh anggota legislatif.
Baca Juga: Milad ka 48 Caleg DPR RI Sania Kado Alus Pikeun Perindo
Dadang Supriatna ogè ngarèspon nu jadi harepan masarakat patali jeung rencana normalisasi Walungan Cimariuk keur ngungkulan ancaman banjir di Kecamatan Cileunyi.
Keur ngungkulan caah di kawasan Tegalluar, Dadang Supriatna ngarencanakeun ngawangun genep dano. Ieu rencana terus dikomunikasikeun jeung pamarentah pusat,
Dadang Supriatna nyebutkeun, di Kecamatan Cileunyi aya lima desa nu asup kawasan strategis Tegalluar: Desa Cibiru Hilir, Desa Cimekar, Desa Cinunuk, Desa Cileunyi Wetan katut Desa Cileunyi Kulon.
Ku ayana pangembangan ieu kawasan dipiharep gede mangfaatna pikeun masarakat.*** Sopandi