Getapan,  Anggota Pos Terpadu Bandara Kertajati Nulungan Panumpang Kapal Udara

25 Desember 2023, 14:48 WIB
Panumpang Citilink nu hiber ti Den Pasar Bali ngagoler di Bandara Kertajati alatan gering parna. /Ayank /galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Salasaurang panumpang pesawat Citilink nu ngarandapan gering nu turun di Bandara Internasional Jawa Barat (BIJB) Kertajati Majalengka gancang ditulungan ku anggota Pos Terpadu Polres Majalengka, Ahad (24/12/2023).

Ieu kajadian di lante 1 BIJB jam 12.40 WIB. Citilink hiber ti  Denpasar Bali. Anggota Pos Pam BIJB Kertajati nitenan hiji lalaki ngagoler di lante. Gancang eta panumpang disampeurkeun sarta ditanya.

Eta lalaki teh ngaranna I Ketut Sumantra, pangna ngagoler lantaran gering. Anggota Pos Terpadu BIJB Kertajati buru-buru koordinasi jeung patugas kasehatan katut Puskesmas Balida.

Baca Juga: Mapag Nataru Polres Majalengka Ngamusnahkeun Miras Hasil Operasi Pekat Lodaya

Jam 13.20 WIB, kulawarga ti I Ketut Sumantra datang ka Bandara Kertajati. I Ketut Sumantra dirawat di mobil siaga ambulance Bandara Kertajati.

I Nyoman Ali Permana,  anak ti I Ketut Sumantra, ngahatur nuhunkeun ka anggota Polres Majalengka nu nulungan nu jadi  kolotna.

"Hatur nuhun kana bantosan  anggota Polres Majalengka di Bandara Kertajati. Aranjeunna  ngabantos kulawarga," ceyk I Nyoman Ali Permana.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ngaapresiasi ka anggota Pos Terpadu Bandara Kertajati nu geus nembongkeun kasiapan nulungan ka penumpang pesawat nu gering.

Baca Juga: Polres Majalengka Polda Jabar Ngungkab Tindak Pidana Korupsi Penyelewengan Dana Bantuan Koperasi

"Ieu conto  sumanget pelayanan Polres Majalengka kangge masihan bantosan ka masarakat, kalebet dina situasi walurat sapertos kieu," ceuk Kapolres.

Lian ti eta nembongkeun sinergi antara Polres Majalengka, pihak bandara, katut instansi kasehatan dina mere layanan nu optimal ka sakumna penumpang.

Dipiharep ku ayana anggota Pos Terpadu di Bandara Kertajati lain ngan saukur jadi pengamanan, tapi oge minangka garda pangharepna dina mere bantuan, pitulung oge pelayanan ka masarakat.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler