Di Kabupaten Majalengka Mahabu  Roko Kadaluarsa jeung Roko Ilegal

11 Desember 2023, 11:36 WIB
Kepala Satpol PP dan Damkar Kabupaten Majalengka, Rachmat Kartono. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Roko ilegal  jeung roko kadaluarsa masih mahabu di Kabupaten Majalengka. Roko nu geus kadaluarsa ti taun 2010 dijual bebas di warung.

Kapanggihna dina razia roko tanpa cukai nu dilaksanakeun ku Satgas Pemberantasan Barang Kena Cukai Hasil Tembakau (BKCHT) salila dua poe, 7-8 Desember 2023.

Ti hasil razia, satgas nu diwengku ku patugas Bea Cukai, TNI-Polri, PM Subdenpom Majalengka, Satpol PP, Kesbangpol  jeung Kejaksaan, manggih puluhan bungkus roko kadaluarsa. Roko nu geus expired ti mimiti 2010 ka tukang.

Baca Juga: KPUD Majalengka Ngagelar Gathering Media, Dipiharep Media Nyiptakeun Kualitas Pemilu nu Hade

"Roko expired ti ngawitan taun 2010 dugi ka kiwari 2023 masih diical. Hartosna salian ngarugelkeun nagara oge ngarugelkeun masarakat tangtosna, ngabahayakeun kangge kasehatan," ceuk Kepala Satpol PP dan Damkar Majalengka, Rachmat Kartono, Saptu (9/12/2023).

Rachmat nyebutkeun, roko kadaluarsa a ditimukeun di hiji warung nu aya di Desa Kulur, Kecamatan Majalengka. Kondisina geus copong  jeung ngepros tur ngaluarkeun bau. Lobana 7 slop atanapi 70 bungkus, eusi sabungkusna 20 siki.

“Nembe kiwari tim mendak roko sapertos ieu," ceuk Rachmat. Rachmat ngajentrekeun, razia roko tanpa pita cukai dilaksanakeun ku sabab ngabalukarkeun karugian nagara. Aumebarna roko ilegal di Majalengka masih mahabu.

Salula razia gabungan lumangsung, patugas hasil ngamankeun 71.200 batang rokok ilegal. Ieu barang bukti hasil razia nu dilaksanakeun di wilayah Kecamatan Talaga, Bantarujeg, Sukahaji jeung Majalengka.

Baca Juga: Dina Bedas Ngaleuweung IV Bupati Bandung Nyarèk Lahan Hèjo Dijadikeun Paimahan

"Tina hasil operasi salami 2 dinten, tos sakses diamankeun seueurna 3.560 bungkus atanapi sami 71.200 batang roko ilegal," ceuk Rachmat.

Ngeunaan sanksi nu bakal ditibankeun  ka  nu ngedarkeun rokok ilegal, Rachmat nyebutkeun, hal eta wewenang bea cukai. Pihakna ukur negor jeung ngarampas roko ilegal.

Pelaksana Bea Cukai Cirebon, Rian netelakeun, nu ngedarkeun roko ilegal bisa dipidana, ngalanggar Undang-undang Cukai nomor 39 taun 2007 pasal 54.

Ngan nu dagang rokok ilegal di Majalengka tacan dijiret pidana   ku sabab tukang warung masih loba nu acan paham balukarna  dagang roko ilegal.

"Ka payun, upami warung atanapi toko ngical deui roko ilegal bakal diproses luyu sareng undang-undang," ceuk Rian. Roko ilegal hasil razia bakal sagancangna dimusnahkeun.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler