11 Atlet Kenjujitsu Tanding di Astrajingga Ju Jitsu Open Championship, Kategori Fighting System jeung Newaza

29 November 2023, 05:00 WIB
Paraatlet Perguruan Kenjujitsu Indonesia, dijejeran ku para Sensei, di satengahing latihan di Dojo Kenjujitsu Indonesia, Cisintok, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab. Bandung Barat, Minggu, 26 November 2023.* /Dok. Kenjujitsu Ind/Galura/

 

GALURA.CO.ID. – Sabelas atlet ti Perguruan Kenjujitsu Indonesia bakal tanding makalangan dina Turnamen Astrajingga Ju-Jitsu Open Championship 2023 (AJJOC) nu baris lumangsung di GOR Bulutangkis, Jalan Jakarta, Kota Bandung, 16-17 Desember 2023.

Éta turnamen AJJOC 2023 nu dipokalan ku Pengurus Besar Ju Jitsu Indonesia (PBJI) Kota Bandung nu ogé bakal diiluan ku 11 atlet Kenjujitsu Indonesia téh marebutkeun Piala Ketua Umum PBJI Kota Bandung.

Ku kituna, 11 atlet ti Kenjujitsu Indonesia geus saget tatahar ti anggalna kénéh pikeun nyanghareupan turnamen AJJOC 2023 nu diiluan kira 400 atlet ti paguron-paguron Ju-Jitsu sa-Pulo Jawa, tur ogé aya nu ti Bali, katut daérah séjénna.

Tah, 11 atlet ti Kenjujitsu Indonesia nu bakal tanding dina turnamen AJJOC 2023 téa, makalangan dina kategori Fighting System (FS) jeung Newaza.

Paguron (perguruan) atawa Dojo Kenjujitsu Indonesia perenahna di lembur Cisintok, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat. Dina kamekaranana tepi ka kiwari diwengku ku puluhan atlet ti budeureun Cihanjuang jeung disaluareun Cihanjuang.

Baca Juga: Pepadi: Hadiah Rp 90 Juta keur Juara Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa Kakarèk Ayeuna

Arinyana lalatihan di Dojo Kenjujitsu Indonesia rata-rata tilu kali dina samingguna, kalawan dilatih ku para Sensei nu geus kawilang maroyan dina cabang olahraga Ju-Jitsu.

Anapon 11 atlet Kenjujitsu Indonesia nu bakal tanding dina AJJOC 2023 téh pikeun kelompok putra nyaéta Raka (FS U16-U18 +70kg, Newaza U16-U18 +70kg), Arya (FS U14-U16 -50kg, Newaza U14-U16 -50kg), Mandala (Newaza U7-U10 +45kg), Rully (Newaza U14-U16 -55kg), Madef (Newaza U14-U16 -55kg), Bhia (FS U07-U10 -35kg, Newaza U11-U13 -35kg), katut Gavin (Newaza U14-U16 +55kg).

Sedengkeun dina kelompok putri aya Kinan (FS U16-U18 -55kg), Alya (Newaza U7-U10 -40kg), Nadira (Newaza U14-U16 +55kg), sarta Yuke (Newaza U14-U16 -45kg).

Sesepuh Kenjujitsu Indonesia, Sensei Eko Raharjo, mertélakeun, dina nyanghareupan turnamen AJJOC 2023, paraatlet terus diasah kamampuhna, boh perkara teknik tanding Ju-Jitsu boh sual motivasi ngagederkeun sumanget.

Kalawan diwewegan ku numuwuhkeun sikep kadisiplinan, paraatlet gé disimbeuhan ku ajén-inajén olahraga kayaning sportivitas, teu weléh siap tanding, sarta méntal nu kuat lagu nyanghareupan lawan malar teu kuméok méméh dipacok.  

“Makalangan dina turnamen kalintang pentingna pikeun paraatlet minangka barometer kamajuan arinyana geusan ngahontal prestasi sahadé-hadéna. Ieu gé kasempetan hadé sangkan nambahan luang jeung pangalaman tanding ngetrukkeun kamampuhna,” ceuk Sensei Eko Raharjo.

Baca Juga: Ciamis Absen, Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa di Kabupaten Bandung Hadiahna Rp 90 Juta

Laju manéhna gé miharep, paraatlet nu bakal tanding téh sing tetep nembongkeun sumanget joang.

“Ku kituna, regepkeun kalawan daria rupaning materi nu ditepikeun ku paraSensei, sarta latihan sing rajin jeung disiplin. Moga waé arinyana bisa némbongkeun kétak nu hadé geusan ngahontal predikat atlet Ju-Jitsu pinunjul,” pokna deui.

Sajeroning kitu, turnamen Astrajingga Ju-Jitsu Open Championship (AJJOC) 2023 nu dipokalan ku PBJI Kota Bandung téh digelar minangka pakalangan enggoning ngagumelarkeun atlet-atlet Ju-Jitsu pinunjul.

Lian ti éta, oge boga tujuan keur ngalegaan aweuhan cabang olahraga Ju-Jitsu ka sakumna kalangan masarakat.

Ku ayana turnamen nu lumangsung noron, samodel AJJOC 2023, dipiharep mingkin mucunghulna atlet-atlet Ju-Jitsu, boh minangka wawakil kleub boh wawakil paguron, atawa daerah, tur teu weléh siap nyanghareupan rupaning turnamen di tingkat nasional katut internasional.

Dina ngagelar turnamen AJJOC 2023 ge PBJI Kota Bandung miboga udagan jadi salasahiji barometer katut bahan evaluasi pembinaan dina ihtiar ngahontal prestasi sahadé-hadéna turta malar regenerasi atlet Ju-Jitsu bisa tetep kajaga jeung ngaronjat.

Kalawan tema “Spirit Kolaborasi untuk Menunjang Prestasi Unggul”, AJJOC 2023 téh bakal lumangsung ping 16-17 Desember 2023 di GOR Bulutangkis KONI Kota Bandung, Jl. Jakarta No. 18, Kota Bandung.

Parapeserta AJJOC 2023 ti mimiti umur 7 taun tepi ka 34 taun leuwih, boh putra boh putri, ngawengku kelas anak, junior, senior, katut pikeun master, kalawan beurat awakna téh ti 21 kg tepi ka 76 kg.

Arinyana aya nu tanding dina kategori Newaza, Show System, jeung Fighting System.***

Baca Juga: Musabaqoh Qiroatul Maulid Al Barzanji di Ponpes Roudlotul Ulum, Ngalap Tuladan Nabi Muhammad SAW

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler