Bazar jeung Reog Ponorogo, Ngareuah-reuah Milangkala Kamerdékaan di Taman Bunga Sukamukti

20 Agustus 2023, 18:55 WIB
Milangkala ka-78 Kamerdékaan RI di Komplék Taman Bunga Sukamukti 1, hususna di RT 01, RW 15, Desa Sukamukti, Kecamatan Katapang, Kabupaten Bandung, mintonkeun Reog Ponorogo.* /Rosyid EA/Glr/

GALURA – Dina ngareuah-reuah Milangkala ka-78 Kamerdékaan RI, rupa-rupa lomba jeung panggung kasenian diayakeun. Kitu deui nu lumangsung poé Minggu, 20 Agustus 2023, di Komplék Taman Bunga Sukamukti 1, hususna di RT 01, RW 15, Desa Sukamukti, Kecamatan Katapang, Kabupaten Bandung.

Di ieu komplék, di RT 01, RW 15, ti isuk-isuk tepi ka soré diayakeun rupa-rupa kagiatan. Di antarana bazaar rupa-rupa kuliner (kadaharan jeung inuman), babagi doorprize keur warga, masrahkeun hadiah lomba pikeun para juara tenis meja (pingpong), catur, voli, jeung sajabana. Dina pupuncak acarana, dipungkas ku pintonan Reog Ponorogo ti Rombongan ‘Singo Lodoyo’ Bandung, pingpinan Teguh. Ieu pintonan Reog Ponorogo téh mangrupa haturanan ti Keluarga Besar Laundry RT 01.

Nilik kana kasangtukang jeung sajarahna, saenyana seni pertunjukan Reog Ponorogo téh mangrupa tradisi masarakat Ponorogo, Jawa Timur, anu tujuanana pikeun ngaraketkeun tatali silaturahmi masarakat.

Bazaar rupa-rupa kuliner, milu ngareuah-reuah milangkala kamerdekaan di RT 01 RW 15 Komplék Taman Bunga Sukamukti 1, Desa Sukamukti, Kecamatan Katapang, Kabupaten Bandung.*

Baca Juga: Merdeka Membaca di Komunitas Gada Membaca Kabupaten Ciamis, Ngaubkeun Warga

Numutkeun sawatara sumber, pintonan Reog Ponorogo mimiti aya ti taun 1920 kénéh. Ngan, dina jaman pamaréntah kolonial Belanda jeung penjajahan Jepang, ieu kasenian anu meunang pangaruh ti Bali téh dianggap kasenian anu ngarugikeun tepi ka dilarang lantaran dianggap bisa ngamobilisasi massa. Eksistensina anu ngagem nilai-nilai historis, filosofis, relijius, kreatif, jeung edukatif, ngajadikeun Reog Ponorogo minangka hiburan rakyat anu legendaris.

Kiwari, iwal dina féstival (lokal, nasional, internasional), Reog Ponorogo biasana dipéntaskeun dina acara-acara nikahan, khitanan, beberesih désa, jeung hari-hari besar Nasional. Dipéntaskeunana bisa di lapangan, palataran, atawa di jalan, kalayan tujuan pikeun hiburan.

“Reog Ponorogo anu dikokolakeun ku sim kuring sareng rombongan mah, sanés ti Jawa Timur, tapi ti wewengkon Sulaiman, Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung,” ceuk Teguh, pingpinan Reog Ponorogo ‘Singo Lodoyo’.

Baca Juga: Tak Sampai 10 Menit, Erigo x JKT48, di Shopee Live Raup Rp5 Miliar

Mémang, cenah, anggotana mah sakabéhna urang Jawa, anu ngumbara di Bandung, tur ngagabung dina hiji beungkeutan kasenian (Reog Ponorogo) anu ngadeg taun 2007.  

“Ngawitananna mah henteu mekar atanapi berkembang, tapi sabada sasalad covid, alhamdulillah tiasa minton di mana-mana, kalebet di dieu, di Taman Bunga Sukamukti,” ceuk Teguh deui.      

Iwal ti diluuhan ku warga jeung Ketua RT 01, Budi Trisnanto, kagiatan miéling kamerdékaan di RT 01, RW 15, Taman Bunga Sukamukti 1 teh, diluuhan ogé ku Kepala Desa Sukamukti, Agus Tajudin, S.Pd.

Dina biantarana, Agus Tajudin nepikeun rasa bungah jeung kareueusna pédah warga RT 01 RW 15, Desa Sukamukti, Kecamatan Katapang, Kabupaten Bandung, ku alpukahna Keluarga Besar Laundry RT 01 geus bisa ngogan kasenian Jawa Timur. “Ieu cirining urang Sunda tiasa campur gaul sareng urang mana waé. Ieu mangrupi gambaran persatuan anu raket, teu nilik kana masalah suku, agama, ras antargolongan. Ieu mangrupi toleransi anu kedah teras dibina. Iwal ti ngajénan kana seni budaya Sunda, urang gé kedah ngajénan seni budaya ti suku bangsa sanésna, kalebet ti Jawa,” ceuk Agus Tajudin.***

Baca Juga: Di Kabupaten Majalengka samemeh Upacara HUT RI ka 78 Panggung Kehormatan Rugrug Ninggang Kuwu        

         

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler