Jaroh Kudu Make Sarung atawa Samping bari Ulah Make Pakean Jero, Diguar dina Galura Cetak III Agustus 2023

15 Agustus 2023, 16:09 WIB
Galura Cetak Edisi III Agustus 2023 ngaguar ngeunaan jaroh di makam Syeh Syarif Arifin kudu make sarung atawa samping bari teu meunang make pakean jero. /galura.pikiran-rakyat.com/Nanang S

GALURA –Situs Syeh Syarif Arifin Buyut Nyata, sok pada nyebut Situs Buyut Nyata, pernahna di Desa Sindangwasa, Kecamatan Palasah, Kabupaten Majalengka. Dina Galura cetak edisi III Agustus 2023 diguar kaahenganana.

Galura cetak edisi III Agustus 2023 ngawartakeun kaahengan Situs Buyut Nyata teh nu urang Desa Sindangwasa Kabupaten Majalengka mah pada dipikanyaho. Jaroh ka makam Syeh Syarif Arifin kudu make sarung atawa samping jeung ulah make pakean jero, boh awewe boh lalaki.

Ceuk Galura cetak edisi III Agustus 2023, dina lelewek komplek situs Buyut Nyata disadiakeun aula nu teu make dingding keur disalin sakur nu jaroh, teu jauh ti lawang asup ka makam Syeh Syarif Arifin.

Baca Juga: Gunung Wayang, Tempat Datangna Angin Para Déwa

Aulana teu dirohang-rohangan, tempat disalin awewe jeung lalaki henteu misah, taya pipindingan najan ku kaen oge. Atuh nu keur disaralin teh bisa katempo ti kajauhan. Kaluar ti aula nu rek jaroh ka makam Syeh Syarif Arifin ukur make samping mun awewe jeung make sarung mun lalaki.

Kuncenna teh aya salapan, kabeh oge lalaki. Sakur nu jaroh ka makam Syeh Syarif Arifin dianteur ku kuncen, kaasup awewe. Anu jararohna teh beurang peuting. Ti peuting situs Buyut Nyata teu dicaangan ku listri kajaba di tempat parkir jeung masjid.

Anu jaroh ka makam Syeh Syarif Arifin kudu make samping atawa sarung sarta ulah make pakean jero cenah mah wariasn kolonial Belanda. Cenah bisi mawa pakakas perang.

Galura cetak edisi III Agustus 2023 oge nyebutkeun kios-kios di situs Buyut Nyata kabeh oge dagang buku tulis, pulpen, garisan jeung alat tulis sejenna. Padahal mah jauh ka sakola. Cenah alat tulis ajangkeuneun barudak sakola nu jaroh kalayan tujuan hayang calakan atawa pinter.

Baca Juga: Sega Jamblang Kuliner Has Cirebon, Lain Ukur Pedah Dibungkus ku Daun Jati

Tulisan sejenna dina Galura cetak edisi III Agustus 2023 ngeunaan toponomi ngaran Desa Sukamenak, Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung. Dingaranan Sukamenak pedah tadina mindeng dianjangan ku menak nu ngaruseup di Citarum bari dihibur ku kasenian (rubrik Warna-Warni).

Aan Merdeka Permana, sastrawan jeung wartawan senior dina rubrik Nyukcruk Galur nulis ngeunaan situs makam luluhur bupati Bandung di Kabupaten Garut, lahanna rek dipake bangunan rumah sakit. Hartina makam luluhur bupati Bandung teh rek digusur.

Rubrik Sastra midangkeun Carpon nu judulna Moal Bisa Ngelebetkeun Deui Merah Putih. Nyaritakeun saurang lalaki nu mindeng ngahutang bari dibayarna dicicil keur nganteur kahayangna padahal teu dicumponan oge moal matak ngateugkeun.

Alatan loba cicilan, mindeng cicilanana teu kabayar dina waktuna. Keur mayar cicilan mindeng meunang nginjeum bari bayarna dicicilan. Atuh cicilanana teh beuki gede jeung beuki loba sarta kapaksa ngurudan kaperluan sapopoe.

Sanajan kitu, angger wae eungapeun sarta kapaksa tanah warisan nu ngandung ajen sajarah, di dinya unggal agustusan sok ngelebetkeun bandera, dipasrahkeun ka nu sok nginjeuman duit.

Unggal medal, Galura cetak teu weleh munel eusinana. Tulisan feature nu dipidangkeunana moal laas ku jaman. Bisa dibaca iraha wae.***

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler