Rumah Sakit Muhammadiyah Bandung Selatan, Muamalah keur Kamaslahatan Balaréa

16 Maret 2023, 08:12 WIB
Rumah Sakit Muhammadiyah Bandung Selatan (RSMBS), di Jl. Raya Laswi, Ciheulang, Kecamatan Ciparay, Kabupaten Bandung.* /Rameli Agam /

GALURA - Rumah Sakit Muhammadiyah Bandung Selatan (RSMBS) téh kalawan resmi ngadeg 3 Novémber 2022.

Nempatan lahan kira 1,2 héktar, RSMBS perenahna di Jl. Raya Laswi, Ciheulang, Ciparay, Kabupaten Bandung.

Minangka rumah sakit tipe D, pangwangunan RSMBS dikokojoan langsung ku Ketua Umum PP Muhammadiyah, Haedar Nashir, nu karuhunna téh pituin Bandung pakidulan.

Di kompléks RSMBS gé aya Gedong H. Rafli Munaf katut Masjid Nyi Ayu Rina Adrijanti.

Prosés pangwangunan RSMBS lumangsung salila 9 bulan, tur Januari 2023 téh geus operasional, utamana panglayan keur warga Bandung pakidulan.

Baca Juga: Rumah Sakit Dustira, Ngaabadikeun Jasa Patriotisme dr. Dustira Prawiraamidjaja

Kalawan konsép ramah lingkungan, RSMBS nu diwengku ku opat lanté téh dilengkepan ku panglayan dokter umum, dokter spesialis, rohang ICU, 21 kamar rawat inap, sarta rohang operasi.

Nyutat tina muhammdiyah-jabar.id, Ketua Umum PP Muhammadiyah, Haedar Nashir, ngécéskeun, ngadegna ieu rumah sakit téh lian ti panglayan ka masarakat, ogé minangka ihtiar Muhammadiyah enggoning ngawujudkeun Islam nu maslahat keur balaréa.

"Muhammadiyah teu weléh hadir di tengah masarakat geusan ngalarapkeun ajén-inajén Islam nu karasa mangpaatna keur balaréa," pokna.

Ngadegna RSMBS gé minangka bukti sumanget kaislaman Muhammadiyah dina prinsip muamalah keur kamaslahatan.

Baca Juga: Rp 30 Miliar Pikeun Ngabebenah Waduk Darma, Ridwan Kamil : Sing Jadi Objek Wisata Unggulan Kelas Internasional

Ceuk Haedar Nashir, dibarung ku sumanget kaislaman nu maju, Muhammadiyah boga udagan ngawangun ajén-inajén kahirupan nu diwewegan ku muamalah duniawiyah saperti paékonomian, sosial, kaséhatan, tur atikan, kalawan nyoko kana ihtiar kahontalna rido-Na.

Ku kituna, dina ketakna, Muhammadiyah di sagédéngeun nguatkeun ibadah ka Allah, ogé kudu mampuh ngawasa rupaning pasualan muamalah duniawiyah geusan ngawujudkeun sistem kasoléhan koléktif.

"Muga waé ku ayana RSMBS téh sing mingkin ngandelan ibadah mahdoh urang ka Allah Swt, di satengahing usaha ngagederkeun urusan muamalah duniawiyah minangka bentuk kasoléhan nu mawa mangpaat pikeun balaréa," ceuk Haedar Nashir. ***

Baca Juga: Putri Anjungsari (57). Nyanghareupan Prajurit Cirebon nu keur Ngudag Urang Pajajaran

 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler