PWI Kota Metro Ngadongdon PWI Jawa Barat, Kataji ku Program UKW 1.000 Wartawan jeung Perumahan Wartawan

25 Februari 2023, 11:04 WIB
Réngréngan pangurus PWI Kota Metro dipotrét jeung réngréngan pangurus PWI Jawa Barat.* /Ist/PWI Jabar/

GALURA – PWI Provinsi Jawa Barat nampa pangdongdon PWI Kota Metro, Lampung, di Sekretariat PWI Provinsi Jawa Barat, Jalan Wartawan, Bandung, Jumaah (24/2/23).

Réngréngan PWI Metro nu réana 30 urang dipingpin ku ketuana, Rino Panduwinta. Réngréngan dibagéakeun ku Pangurus PWI Provinsi Jawa Barat, antarana Sekretaris Tantan Sulthon Bukhawan, Wakil Sekretaris Wawan Ruswana, Bendahara Ati Suprihatin, Wakil Ketua Bidang Organisasi, Korwil Bandung Raya Imam M., Korwil Priangan Nirwan Indra, Seksi Wartawan Advokasi Yayat Tahyan S., Seksi Wartawan Seni Budaya Eep Nandang R.

Rino ngungkabkeun, tujuan ngadongdon ka PWI Provinsi Jawa Barat téh pikeun silitépakeun jeung silisimbeuhan pangalaman keur ngamajukan organisasi PWI.

“Ku ngadongdon ka dieu, simkuring katut réngréngan miharep aya program kerja PWI Jawa Barat anu tiasa diterapkeun di PWI Metro,” ceuk Rino Panduwinta.

Baca Juga: Ngareuah-reuah HPN 2023 di Sumut, Karya Urang ‘Galura’ Asup Buku Antologi Puisi Wartawan

Baca Juga: Basa Indung jeung Média Sunda, teu Bisa Lésot tina Kahirupan Masarakatna

Kiwari PWI Kota Metro diwengku ku 51 anggota, 47 urang di antarana geus ngantongan sertifikat Uji Kompetensi Wartawan (UKW). “Nu opatan deui mah teu acan gaduh sertifikat UKW margi nembéan janten anggotana gé,” pokna.

Dina éta gempungan, Sekretaris PWI Provinsi Jawa Barat, Tantan Sulthon Bukhawan ngadadarkeun kagiatan program kerja nu eukeur jeung baris digarap ku PWI Provinsi Jawa Barat.

Di antara kagiatan anu keur digarap nyaéta mieling HPN 2023 tingkat Jawa Barat di Kabupaten Karawang, April 2023. Sedengkeun program nu rék digarap nyaéta Road Show UKW pikeun 1.000 wartawan.

Nyabit program kerja jangka panjang, Tantan nambahkeun, PWI Jawa Barat baris nuluykeun rukun gawé jeung paguron luhur (perguruan tinggi) minangka lembaga penerbit Surat Keterangan Pendamping Ijazah (SKPI), Orientasi Kewartawan dan Keorganisasian (OKK), ngaréalisasikeun perumahan pikeun wartawan, sarta ngahirupkan koperasi wartawan.

“Ayeuna PWI Jabar nuju tatahar miéling Hari Pers Nasional sareng ngalaksanakeun UKW 1.000 wartawan,” ceuk Tantan.

Baca Juga: Toponomi Tasikmalaya, Pasir nu Ngalayah di antara Tasik di Tawang Galunggung

Baca Juga: Basa Indung: Panyatur Basa Jawa Panglobana, Basa Sunda Réngking Ka-2

Miéling HPN tingkat Jawa Barat, ceuk Tantan, unggal taunna giliran diayakeun di PWI Kota/Kabupaten. “Tos tilu taun PWI Jabar ngalakukeun open bidding kanggo PWI Kota/Kabupaten kanggo janten pribumi dina HPN Jawa Barat,” pokna.

Taun 2022 ka tukang, nu jadi pribumi HPN Jawa Barat téh nyaéta PWI Kabupaten Bandung. “Hasil open bidding taun 2022, nu janten pribumi HPN Jabar taun 2023 ieu nyaéta PWI Kabupaten Karawang,” ceuk Tantan deui.

Dadaran pangurus PWI Provinsi Jawa Barat téh matak pikatajieun pangurus PWI Metro anu miharep bisa nerapkeun kagiatan jeung program PWI Provinsi Jawa Barat.

“Sim kuring katut réngréngan mungguh kataji ku ayana program rukun gawé PWI Jabar sareng paguron luhur perkawis ngaluarkeun Surat Keterangan Pendamping Ijazah (SKPI). Ieu téh tangtos aya pakaitna sareng program Kampus Merdeka Kemendikbudsistek,” ceuk Rino.

Program séjénna anu teu kurang matak katajina nyaéta perumahan pikeun wartawan jeung UKW gratis pikeun 1.000 wartawan. Nya ku program UKW 1.000 wartawan pisan apanan PWI Jabar dilélér panghargaan ti PWI Pusat téh.***

Baca Juga: Hadir dina Pupuncak Acara HPN 2023, Uu Ruzhanul Ulum: Pers Kudu Tetep Nyambungkeun Pamarentah jeung Masarakat

Baca Juga: M. Fadjroel Rahman: Antara Puisi, Kazhakstan, jeung Bandung

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler