Pelatihan Mateakeun Ketak Wanoja, PKK Desa Cihanjuang Ngadongdon Santa Sea di Sukabumi

21 Februari 2023, 15:00 WIB
PKK Desa Cihanjuang ngayakeun pelatihan jeung penyuluhan mateakeun ketak wanoja di Santa Sea, Sukabumi, Salasa, 21 Februari 2023/DOK. PKK DESA CIHANJUANG /

 

GALURA – Pelatihan jeung penyuluhan mateakeun ketak wanoja, PKK Desa Cihanjuang ngadongdon Santa Sea, Sukabumi, Salasa, 21 Februari 2023.

Eta pelatihan jeung penyuluhan geusan ngaronjatkeun tur mateakeun ketak wanoja nu dikokojoan PKK Desa Cihanjuang teh diiluan ku 175 kader PKK ti 15 RW.

PKK Desa Cihanjuang, ayana di Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, nu salila ieu terus ngagederkeun rupaning program mateakeun ketak wanoja luyu jeung udagan PKK (Pemberdayaan Kesejahteraan Keluarga).

Baca Juga: Sembah Dalem Pangudar, Jujuluk keur RH Pangeran Panji Argaloka, Hiji Pangeran Cirebon, Bagean II

Ngadongdon ka Santa Sea Sukabumi, sambil pelatihan jeung penyuluhan, eta minangka sarana nguatkeun silaturahmi papada kader PKK Desa Cihanjuang, oge bari pakansi.

Ketua Tim Penggerak PKK Desa Cihanjuang, Nia Kusmiati, mertelakeun, salila ieu kalawan noron ngayakeun kagiatan nu sipatna maheutkeun silaturahmi tur ngaronjatkeun kompetensi parakader PKK.

Salian ti ngalaksanakeun rupaning program di lembur nu luyu jeung udagan, di sagedengen eta PKK Desa Cihanjuang ge sok masilitasan kagiatan nu sakirana bisa ngaronjatkeun sumanget tur motivasi parakader PKK.

Baca Juga: Seni Tradisi Bingbrung Minangka Media Dakwah, Disatengahing Parobahan Pajamanan

“Kawas kagiatan PKK Desa Cihanjuang ayeuna ngadongdon Santa Sea di Sukabumi, lian ti bari diwewegan ku pelatihan jeung penyuluhan, oge sambil pakansi,” ceuk Nia Kusmiati.

Pidangan materi pelatihan jeung penyuluhanana ge diwangun dina rupa-rupa wanda games katut lomba nu matak pikagumbiraeun parakader PKK.

Laju Nia Kusmiati ge ngebrehkeun, dina ketakna, PKK Desa Cihanjuang teu weleh umajak ka sakumna warga, hususon wanoja, malar daek jadi kader PKK.

Baca Juga: Nu Jarah ka Makam Karamat Sembah Dalem Pangudar Teu Weleh Merul, Bagean I

“Eta teh taya lian pikeun urang babarengan ngaronjatkeun karaharjaan kulawarga kalawan ayana partisipasi aktif masarakat, kaasup ngaronjatna ketak parakader PKK Desa Cihanjuang geusan ngahontal kamajuan daerah,” pokna.

Sajeroning kitu, Ketua Tim Penggerak PKK RW 11 Desa Cihanjuang, Anie Mulyani, mertelakeun, di sagedengeun ketakna minangka ibu rumah tangga, kagiatan samodel ieu teh mungguh mangpaat keur parakader PKK.

Lagu nampa materi pelatihan jeung penyuluhan di Santa Sea, tembong parakader PKK teh sakitu antusiasna tur gumbira.

Baca Juga: Umur 10 Taun ka Luhur, Buah Tangkal Kopi Ngurangan, Ngungkulanana Ngabarukeun Tangkal Kopi

“Kahareupna kuring miharep malar parakader PKK Desa Cihanjuang sing mingkin maju jeung tetep sarehat, dibarung ku ayana inovasi motekar lagu ngagelar kagiatan, sarta mingkin patingmucunghul kader nu anyar,” pokna. ***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler