GALURA - Pelatih Persib Bandung Luis Milla jangji rek sagancangna ngayakeun evaluasi sabada eleh ti PSM Makassar, 1-2 di Stadion Pakansari, Bogor Salasa 14 Pebruari 2023 kamari.
Sabada evalusi, tim rek dibebenah, malar siap jeung hasilna hade, dina laga nu kudu disanghareupan Persib.
"Ka payun aya keneh 11 laga deui nu kedah dilakonan. Sim kuring bakal ngayakeun evaluasi," cek Luis Milla.
Baca Juga: Persib vs PSM Makassar, Nu Meunang Nerekel ka Puncak Klasemen, Link Live Streaming jeung Kick Off
Salasa kamari, sakumaha pada terang, dina laga bigmatch Persib vs PSM Makassar, Persib tijungkel, eleh 1-2.
Mimitina, Persib meunang ti heula, ngan PSM Makassar bisa mapakan, 1-1. Samalah saterusna Persib tijungkel.
Alatan eta, rekor positif Persib teu eleh ku lawan-lawanna salila 15 laga, pupus.
Baca Juga: Putri Anjungsari (28), Kuda geus Lalempo, Lalampahan Jauh Keneh, Aya nu Mere Tanda ku Haseup
Nu matak harenegna, tijungkelna kamari teh ngabalukarkeun Persib gagal aya di puncak klasemen.
Lian ti eta, bedana poin antara PSM Makassar (nu ayeuna di urutan hiji) rada ganjor, 4. Samemehna mah bedana poin di tilu besar puncak klasemen saheulanana Liga 1 2022/2023 teh ngan ukur hiji.
Taya deui nu bisa dilakonan ku Persib iwal ti evaluasi jeung ngabebenah Persib deui.
Baca Juga: H. Yanto : Ulah Hariwang Aula Kantor Pemerintah Desa Dipake Reses
Nurutkeun Milla, hasil negatif kontra PSM Makassar rek dievaluasi ennya-enya pikeun nyanghareupan laga sejen nu jumlahna 11 deui.
"Ieu janten padamelan sim kuring di Persib," cek Milla.
Nurutkeun jadwal, Persib bakal maen deui poe Minggu 19 Pebruari 2023 ngalawanan Rans Nusantara. Hiji laga nu dianggap beurat nu kudu dilakokan Persib, nyaeta lawan Persija Jakarta.***