Dukun geus dikelun, tukang ngubaran geus dikemat. Taya tapakna. Angger we selang-seling kawas nu gundam. Hadéna bubujangan kénéh. Teu matak ngaripuhkeun teuing ka batur.
Teu béda ti hiji pamayang Jerman di Walungan Rhein, nu kawenehan nénjo Lorelei, mojang kajajadén, geulis kawanti-wanti, keur ucang-anggé dina batu satengahing umpalan walungan.
Dongeng Lorelei kamashur ka alam dunya, sabada dianggit jadi puisi epik ku sastrawan Jerman abad 18, Heinrich Hein.
Baca Juga: Nyi Roro Kidul teh Bojo Panembahan Senopati, Lain Mahluk Gaib Panguasa Laut Kidul
Masih kénéh di Walungan Cimanuk, lebah leuwi Batuputri. Wanci pasosoré, layung ngempur. Aya nu keur nguseup ngalelengkur nunggu lauk nyanggut.
Sabot anteng neuteup beungeut cai, ti béh lebak jol abrulan lauk rupa-rupa, gedé leutik. Pangheulana kancra sagedé pingping, koneng enay.
Dituturkeun ku hampal, géngggéhék, beureum mata, sénggal, jeung sajabana. Malah paray ogé milu aub.
Nu keur nguseup colohok, Kataji ku abringan lauk. Orokaya teu usik-usik. Nepi ka paradé lauk bubar, nu “kawénéhan” masih kénéh culagen nyekelan jeujeur.
Hadéna aya papada tukang nguseup, manggihan. Diréréyang dibawa balik ka lembur. Disérénkeun ka kulawargana.
Ieu gé terus gering. Rada lila. Ngan cageur deui. Teu kawas nu kaédanan ku widadari.*** Panineungan H. Usep Romli