Baca Juga: Jaman Ciamis-Cirebon keur Werit, Ngakalan Begal Disingsieunan ku Bangkong Pabeasan
Di sagigireun éta aya kapercayaan séjén anu can puguh bener henteuna, ngan geus mangaruhan warga.
Loba nu nyaritakeun di Gunung Salak loba harta karun titinggal Walanda, duit emas, nu tacan kapanggih nepi ka ayeuna. Anu mendemna, cenah, soldadu Walanda, méméh serah bongkokan ka Jepang.
Mun hiji mangsa Jepang geus ingkah ti Indonésia, urang Walanda rék baralik deui, rék nyokot pependemanana. Ngan duka kumaha, para soldadu nu teu disebutkeun ngaran-ngaranna téh teu kacatur néang pependemanana.
Sigana gimir pedah Indonesia kaburu mardika. Ti taun 1950-an, éta harta karun pada naréangan.
Ku sabab taya pituduh anu jéntré, nu naréangan harta karun téh bari henteu jeung itungan. Sakur aya témbok titinggal Walanda di wewengkon Gunung Salak ditugaran.
Baca Juga: Totonden ti Gunung Dukuh, Cinyusu Saat Nagara Bakal Riweuh
Balukarna ayeuna bénténg jeung wangunan séjénna titinggal Walanda ancur paburantak, ari harta karunna teu kapanggih.
Ceuk dongéng, harta karun téh di antarana dipendem di lebah sisi-sisi Kawah Ratu nu kacatur mindeng ngaluarkeun gas nu ngandung racun.
Ku sabab daérahna ngabahayakeun, loba anu keur néangan harta karun tiwas tikelebuh. Roh-roh anu maraot, cenah, jadi dedemit anu salawasna ngaganggu anu rék néangan harta karun,