Dongeng Kawenehan di Walungan Cimanuk, Nempo Widadari Ngarojay di Leuwi Batuputri

12 Februari 2023, 10:09 WIB
Walungan Cimanuk di wewengkon Kabupaten Garut. Kungsi aya nu kawenehan nempo widadari marandi di Leuwi Batuputri. /

GALURA -Dongeng kawenehan sejenna kajadian di Walungan Cimanuk, lebah leuwi Batuputri, di wilayah Désa Majasari, Kecamatan Cibiuk, Kabupaten Garut.

Harita keur hujan poyan. Katumbiri melengkung luhur. Hiji nonoman balik ngarit ngaliwat ka sisi leuwi Walungan Cimanuk. Barang nempo ka lebah leuwi leuwi Batuputri, kacida kageteunana.

Teu rek kitu kumaha tuda, nyampak dina batu leuwi Batuputri aya sababaraha urang mojang, keur ucul-ucul pakéan. Geus baluligir, gebrus ka Walungan Cimanuk.

Baca Juga: Di Leuweung Sancang Kawenehen keneh Maung Kajajaden

Eta mojang-mojang teh di Leuwi Batuputri karokojayan ti hilir ka girang. Bari icikibung, sili simbeuh perang cai, teu beda jeung bebenjit nu keur ngarojay.

Nonoman nu tas ngarit, masih bujangan, hookeun. Teu ngiceup-ngiceup nénjo nu marandi. Nepi ka tikoséwad, ngagubrag kana rungkun haur di béh handap. Nu keur marandi ngaroréjat reuwaseun.

Mojang-mojang haranjat kana batu. Kup-kop kana papakéanana séwang-séwangan. Ber ngarapung, mapay kana katumbiri. Les di awang-awang bareng jeung ngilesna panonpoé sareupna.

Nu nambru katuralengan, untung aya nu manggihan ku nu baralik ti sawah jeung ti kebon. Para narulungan. Pada nyeuceuhan sina éling da panonna terus bolotot, sungut calawak, awak jagreug.

Baca Juga: Ratu Wilhelmina Kawin ka Pangeran Hendrik, Perkebunan Pasirmalang Diduruk

Ampir sataun éta nu kawenehan nénjo widadari ngojay di leuwi Batuputri langlang-lingling. Micangcam para mojang nu salampulur, gareulis tanpa tanding.

Dukun geus dikelun, tukang ngubaran geus dikemat. Taya tapakna. Angger we selang-seling kawas nu gundam. Hadéna bubujangan kénéh. Teu matak ngaripuhkeun teuing ka batur.

Teu béda ti hiji pamayang Jerman di Walungan Rhein, nu kawenehan nénjo Lorelei, mojang kajajadén, geulis kawanti-wanti, keur ucang-anggé dina batu satengahing umpalan walungan.

Dongeng Lorelei kamashur ka alam dunya, sabada dianggit jadi puisi epik ku sastrawan Jerman abad 18, Heinrich Hein.

Baca Juga: Nyi Roro Kidul teh Bojo Panembahan Senopati, Lain Mahluk Gaib Panguasa Laut Kidul

Masih kénéh di Walungan Cimanuk, lebah leuwi Batuputri. Wanci pasosoré, layung ngempur. Aya nu keur nguseup ngalelengkur nunggu lauk nyanggut.

Sabot anteng neuteup beungeut cai, ti béh lebak jol abrulan lauk rupa-rupa, gedé leutik. Pangheulana kancra sagedé pingping, koneng enay.

Dituturkeun ku hampal, géngggéhék, beureum mata, sénggal, jeung sajabana. Malah paray ogé milu aub.

Nu keur nguseup colohok, Kataji ku abringan lauk. Orokaya teu usik-usik. Nepi ka paradé lauk bubar, nu “kawénéhan” masih kénéh culagen nyekelan jeujeur.

Hadéna aya papada tukang nguseup, manggihan. Diréréyang dibawa balik ka lembur. Disérénkeun ka kulawargana.

Ieu gé terus gering. Rada lila. Ngan cageur deui. Teu kawas nu kaédanan ku widadari.*** Panineungan H. Usep Romli

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler