GALURA.CO.ID -Salila bulan Romadon mah, dalang ngora Khanha Sandhika Ade Kosasih Sunarya Giriharja 2 Putu reureuh tina manggung. Mimiti ngeureuyeuh deui dina bulan April katompèrnakeun.
Irwansyah, bapana Khanha, nyebutkeun anakna nu ayeuna nincak smester 6 di paguron luhur Fakultas Ilmu Komunikasi (Fikom) Universitas Padjadjaran Bandung teh sabada Lebaran karèk boga 2 jadwal manggung.
"Kaping 19 April 2024 manggung di Lembur Pakuan Kabupaten Subang, sasarengan 4 dalang, 4 generasi, " ceuk Irwansyah ka Galura dina telepon seluler, Senen, 15 April 2024.
Opat generasi dalang nu baris manggung teh iwal ti Khanha, nu lianna: Dadan Sunandar Sunarya, Wawan Dede Amung, jeung Iman Cecep Supriadi.
Dina 28 April 2024 mah jadwal manggung Khanha wungkul, dina raraga milangkala Desa Gudang Kahuripan Boscha Lembang, Kabupaten Bandung Barat.*** Sopandi