M. Fadjroel Rahman: Antara Puisi, Kazhakstan, jeung Bandung

- 19 Februari 2023, 12:53 WIB
M. Fadjroel Rachman jeung buku-buku kumpulan puisina.*
M. Fadjroel Rachman jeung buku-buku kumpulan puisina.* /REA/

Kenapa Rachman masih menulis puisi?

Walau kematian dan mimpi buruk

                menyergapnya berkali-kali

Karena ia percaya pada manusia dan kehidupan

 

Kenapa Rachman masih menulis puisi?

Karena dalam samudera ketidaktahuan,

                manusia bersaudara

Karena dalam samudera kemanusiaan, manusia

                bersaudara

 …

 

GALURA - Kitu M. Fadjroel Rachman ngungkabkeun kasatiaanana kana (nulis) puisi, najan dirina aya dina kaayaan sulit nu leuwih-leuwih ti misti.

Karena ia percaya pada manusia dan kehidupan,” cenah, sakumaha nu kaungkab dina puisi di luhur. “Karena dalam samudera ketidaktahuan,/manusia bersaudara/Karena dalam samudera kemanusiaan, manusia/bersaudara.”

Éta puisi anu kamuat dina antologi Catatan Bawah Tanah: Kumpulan Sajak Anak Muda Indonesia dalam Empat Penjara (1993) téh ditulis ku M. Fadjroel nalika dirina dibui di Kebunwaru, Kota Bandung, 17 Januari 1990, alatan unjuk rasa ngalawan pamaréntahan Orde Baru.

Fadjroel mémang kacida satiana kana puisi, dunya nu geus diteuleumanana ti keur mahasiswa kénéh. Puisi pikeun dirina “lagu jiwa” jeung “samudera cahaya jiwa” anu teu mungkin dipopohokeun tur ditinggalkeun tepi ka iraha baé.

Baca Juga: Mingpin Rahayat Ngalawan Hindia Belanda, Bagus Rangin Dianggap Ratu Adil

Ku kituna, basa dirina aya kasempétan cuti tina kasibukanna jadi Duta Besar RI pikeun Kazakhstan jeung Tajikistan, Fadjroel giak naker nalika aya pangajak ti sastrawan Hikmat Gumelar pikeun diskusi jeung maca puisi di Bandung.

Mémang, éta pangajak pikeun ngumpul ngariung jeung para seniman Jawa Barat téh, teu diengkékeun deui ku Fadjroel.

Ku alpukahna Institut Nalar Jatinangor (Hikmat Gumelar), Studio Pohaci (Herry Dim), jeung Galeri Pusat Kebudayaan/GKP (Isa Perkasa), éta acara maca puisi jeung diskusi téh bisa lumangsung di GPK, Gedung Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK), Jalan Naripan, Kota Bandung, sabulan ka tukang (Salasa, 24/1/23).

Téma diskusi nujul kana masalah "Puisi: Ruang Kita dan Kazakhstan", kalawan panumbu-catur (moderator) Topik Mulyana, dosén Fakultas Ilmu Budaya, Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung.

 Baca Juga: Panineungan Adang S, Tentara Pangarang Sunda Dijeujeuhkeun ku Mh Rustandi Kartakusumah

REA

GAS jeung KSB

Salasa kasorénakeun, harita, girimis miripis di Jalan Naripan, Bandung, tapi suasana mungguh karasa haneuteun. Haneuteun ku nu ngawarangkong di Gedung YPK.

Enya, para sastrawan, seniman, jeung para pegiat budaya umumna, harita silicacapkeun kasono, bari nungguan jolna M. Fadjroel Rachman, aktivis manten GAS (Gabungan Apresiasi Sastra) ITB jeung Kelompok Sepuluh Bandung (KSB). Aya M. Ridlo ‘Eisy, sobatna nalika aktif di GAS ITB anu sarua pada-pada sok “nyajak”. Aya ogé batur-baturna papada panyajak ti KSB, kayaning Herry Dim, Hikmat Gumelar, Diro Aritonang, Juniarso Ridwan, jeung Evie Ariadne Shinta Dewi.

Tangtu baé iwal ti arinyana téh, aya komunitas/kelompok jeung ngaran-ngaran séjén anu salila ieu icikibung di dunya seni, boh sastra boh seni séjénna. Sebut baé, di antarana, Yudhistira ANM Massardi, Ipit S. Dimyati, Yogi Yogaswara, Deni A. Fajar, Ratna Ayu Budhiarti, Hermana, Ferry Curtis, Indrasitas, Ridwan Ch Madris, Irwan Jamal, jeung Toni Broer.

Bari nungguan Fadjroel Rachman nu masih kénéh aya di perjalanan ti Jakarta, kelompok musik Woko Elsad & Ogoy Suina midang dina lalaguan blues jeung balada, disusul ku Hikmat Gumelar maca salasahiji sajak panjangna.

Bari tetep nungguan kénéh Fadjroel Rachman nu can embol-embol, Herry Dim jeung M. Ridlo ‘Eisy méré panganteur kana éta acara kalawan ngawanohkeun jeung ngadadarkeun “kainohongan” Fadjroel Rachman, ti jaman mahasiswa, tepi ka jadi panyajak, aktivis, pipindahan tempat bui alatan ngalawan rezim Orde Baru, tepi ka jadi politisi jeung jadi jubir Presiden Jokowi sarta ahirna ngajabat Duta Besar RI pikeun Kazakhstan jeung Tajikistan (ti Oktober 2021).

 

 Baca Juga: Carita Jurig dina Sastra Sunda, Ditaratas ku Moh Ambri, Sastrawan Sunda Klasik

Mikasono Bandung

Nalika acara lumangsung, karasa pisan M. Fadjroel Rachman mawa suasana nu hégar. Teusingna formal, najan harita pakéanana kawilang rapih tur formal.

Wah, saya terlalu rapi ya? Maaf, tak sempat berganti pakaian,” pokna, basa rék ngamimitian acara, bari ngumbar imut, miloma ka sakumna nu hadir.

Dina sela-sela maca puisi, Fadjroel ngadadarkeun perkara nu aya patalina jeung sastra katut budaya sacara umum, direumbeuy ku heureuy-heureuyna nu hampang tapi ngeusi.

Fadjroel gé ngadadarkeun kumaha budaya jeung kahirupan di Kazhakstan nu pinuh ku akulturasi antara adat Kazakhstan, Rusia, jeung pangaruh barat.

Fadjroel ngaku, dirina ngarasa betah hirup di éta nagara anu kakara merdéka (merdéka ti Uni Soviet, 16 Désémber 1991). Tapi, ieu panyajak nu gumelar di  Banjarmasin, 17 Januari 1964, téh tetep waé teu mopohokeun tur salawasna mikasono Bandung, tempat dirina “dipeuseuh” jadi mahasiswa, panyajak, jeung aktivis.

Ku kituna, husus keur Bandung, keur Tanah Pasundan, Fadjroel mungkas acara ku maca puisi anu judulna “Tanah Pasundan”.

Baca Juga: Sastrawan Ajip Rosidi (1938 – 2020): Antara Masyitoh, Jante Arkidam, jeung Bagus Rangin

Éta puisi anu dikarang taun 2020 téh dibacakeun tina antologi puisi Labirin Cinta:

 

kopi hitam si ikal mayang

rasa rindu terbang di awan

ke mana pergi si rambut panjang?

seribu rindu tanah pasundan

 

sudah jauh jiwa bertualang

langkah tegar badai lautan

ke mana pergi si ikal mayang?

hati merindu tanah pasundan

 

kawan sejalan kawan disayang

hati merindu awan tangkuban

kapankah cinta kembali pulang

merindu-rindu tanah pasundan***

Baca Juga: Ngareuah-reuah HPN 2023 di Sumut, Karya Urang ‘Galura’ Asup Buku Antologi Puisi Wartawan

Baca Juga: Haji Hasan Mustapa; Birokrat, Sastrawan Sufistik, jeung Ulama “Mahiwal” nu Sosobatan jeung Snouck Hurgronje

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah