Baca Juga: Carita Jurig dina Sastra Sunda, Ditaratas ku Moh Ambri, Sastrawan Sunda Klasik
Mikasono Bandung
Nalika acara lumangsung, karasa pisan M. Fadjroel Rachman mawa suasana nu hégar. Teusingna formal, najan harita pakéanana kawilang rapih tur formal.
“Wah, saya terlalu rapi ya? Maaf, tak sempat berganti pakaian,” pokna, basa rék ngamimitian acara, bari ngumbar imut, miloma ka sakumna nu hadir.
Dina sela-sela maca puisi, Fadjroel ngadadarkeun perkara nu aya patalina jeung sastra katut budaya sacara umum, direumbeuy ku heureuy-heureuyna nu hampang tapi ngeusi.
Fadjroel gé ngadadarkeun kumaha budaya jeung kahirupan di Kazhakstan nu pinuh ku akulturasi antara adat Kazakhstan, Rusia, jeung pangaruh barat.
Fadjroel ngaku, dirina ngarasa betah hirup di éta nagara anu kakara merdéka (merdéka ti Uni Soviet, 16 Désémber 1991). Tapi, ieu panyajak nu gumelar di Banjarmasin, 17 Januari 1964, téh tetep waé teu mopohokeun tur salawasna mikasono Bandung, tempat dirina “dipeuseuh” jadi mahasiswa, panyajak, jeung aktivis.
Ku kituna, husus keur Bandung, keur Tanah Pasundan, Fadjroel mungkas acara ku maca puisi anu judulna “Tanah Pasundan”.
Baca Juga: Sastrawan Ajip Rosidi (1938 – 2020): Antara Masyitoh, Jante Arkidam, jeung Bagus Rangin
Éta puisi anu dikarang taun 2020 téh dibacakeun tina antologi puisi Labirin Cinta: