M. Fadjroel Rahman: Antara Puisi, Kazhakstan, jeung Bandung

- 19 Februari 2023, 12:53 WIB
M. Fadjroel Rachman jeung buku-buku kumpulan puisina.*
M. Fadjroel Rachman jeung buku-buku kumpulan puisina.* /REA/

Ku alpukahna Institut Nalar Jatinangor (Hikmat Gumelar), Studio Pohaci (Herry Dim), jeung Galeri Pusat Kebudayaan/GKP (Isa Perkasa), éta acara maca puisi jeung diskusi téh bisa lumangsung di GPK, Gedung Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK), Jalan Naripan, Kota Bandung, sabulan ka tukang (Salasa, 24/1/23).

Téma diskusi nujul kana masalah "Puisi: Ruang Kita dan Kazakhstan", kalawan panumbu-catur (moderator) Topik Mulyana, dosén Fakultas Ilmu Budaya, Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung.

 Baca Juga: Panineungan Adang S, Tentara Pangarang Sunda Dijeujeuhkeun ku Mh Rustandi Kartakusumah

REA

GAS jeung KSB

Salasa kasorénakeun, harita, girimis miripis di Jalan Naripan, Bandung, tapi suasana mungguh karasa haneuteun. Haneuteun ku nu ngawarangkong di Gedung YPK.

Enya, para sastrawan, seniman, jeung para pegiat budaya umumna, harita silicacapkeun kasono, bari nungguan jolna M. Fadjroel Rachman, aktivis manten GAS (Gabungan Apresiasi Sastra) ITB jeung Kelompok Sepuluh Bandung (KSB). Aya M. Ridlo ‘Eisy, sobatna nalika aktif di GAS ITB anu sarua pada-pada sok “nyajak”. Aya ogé batur-baturna papada panyajak ti KSB, kayaning Herry Dim, Hikmat Gumelar, Diro Aritonang, Juniarso Ridwan, jeung Evie Ariadne Shinta Dewi.

Tangtu baé iwal ti arinyana téh, aya komunitas/kelompok jeung ngaran-ngaran séjén anu salila ieu icikibung di dunya seni, boh sastra boh seni séjénna. Sebut baé, di antarana, Yudhistira ANM Massardi, Ipit S. Dimyati, Yogi Yogaswara, Deni A. Fajar, Ratna Ayu Budhiarti, Hermana, Ferry Curtis, Indrasitas, Ridwan Ch Madris, Irwan Jamal, jeung Toni Broer.

Bari nungguan Fadjroel Rachman nu masih kénéh aya di perjalanan ti Jakarta, kelompok musik Woko Elsad & Ogoy Suina midang dina lalaguan blues jeung balada, disusul ku Hikmat Gumelar maca salasahiji sajak panjangna.

Bari tetep nungguan kénéh Fadjroel Rachman nu can embol-embol, Herry Dim jeung M. Ridlo ‘Eisy méré panganteur kana éta acara kalawan ngawanohkeun jeung ngadadarkeun “kainohongan” Fadjroel Rachman, ti jaman mahasiswa, tepi ka jadi panyajak, aktivis, pipindahan tempat bui alatan ngalawan rezim Orde Baru, tepi ka jadi politisi jeung jadi jubir Presiden Jokowi sarta ahirna ngajabat Duta Besar RI pikeun Kazakhstan jeung Tajikistan (ti Oktober 2021).

 

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah