The Last of Us téh serial anu diadaptasi tina gim anu ngaranna sarua. Nyaritakeun Joel (Pedro Pasca) anu nyusupkeun tur ngawal Ellie (Bella Ramsey) pikeun meuntasan Amerika Serikat sabada ancurna peradaban modérn.
Éta kajadian téh dimimitian ti 20 taun ka tukang balukar munculna virus jamur. Para korban anu katerap/kainféksi ku éta virus bakal jaradi zombi anu gangas kacida, ‘haus darah’, tur bisa népakeun/ngainféksi jalma-jalma lianna tepi ka ngabalukarkeun pandemi global.
Munculna Christine Hakim dina épisode ka-2 anu lokasina di hiji universitas di Jakarta, bisa jadi awal ayana inféksi jamur Cordyceps. Engkéna baris kaungkab asal muasalna virus nu ngalantarankeun sakumna jalma di dunya jaradi zombi.
Dina ieu serial, iwal ti Christine Hakim, aktor Yayu Unru ogé milu maén kalawan merankeun karakter Agus Hidayat, jenderal TNI bintang 3.***
Baca Juga: Doel Sumbang: Lagu ‘Runtah’ Asalna di Susunan Panghandapna