Nénéng Dinar: Kudu Aya ‘Political Will’ ti Pamaréntah pikeun Mekarkeun Seni Tradisi di Jawa Barat

- 20 Januari 2023, 07:56 WIB
Neneng Dinar
Neneng Dinar /REA/Dok. ND

GALURA - Pikeun panembang Nénéng Dinar, ngahirup-huripkeun tembang Sunda jeung kréativitas seni tradisi séjén nu aya di Jawa Barat, hamo leupas tina rojongan pamaréntah.

Lebah dieu, ceuk ieu lulusan S2 Ilmu Pemerintahan di Universitas Langlangbuana (Unla) Kota Bandung téh, peran pamaréntah pikeun jadi papayung, nyalindungan kana sakumna seni tradisi Sunda, kawilang dianti-antina.

Baca Juga: Nénéng Dinar Ngajarkeun Tembang Sunda di Ranggon Cijagra

Pamaréntah, ceuk Nénéng Dinar, sakuduna mun nyéngsarkeun anggaran jeung tempat pikeun para seniman mintonkeun kamampuh jeung kaparigelanana. Kudu aya political will ti pamaréntah, cénah, enggoning ngahirup-hirupkeun seni tradisi nu aya di Jawa Barat.

“Ku alatan kréativitas para seniman, ajén-inajén budaya di Tatar Sunda dipikawanoh di sakuliah dunya,” ceuk ieu panembang nu geus réa pangalaman manggung di mancanagara téh.

Pasualan seni téh, cénah, lain waé tanggung jawab seniman. Sakumna warga masarakat jeung pamaréntah kudu sareundeuk saigel miara kahirupan seni Sunda.

Baca Juga: Sean Idol, Geus Nyiptakeun Lagu keur Sababaraha Albumeun, ngan Niténan heula Kondisi Pasar

Katangén ku Nénéng, sok aya masarakat nu kurang mikanyaah kana kahirupan seni. Nu jadi marga lantaranna, cénah, éta masarakat téh teu apal jeung can nyaho, naon ari seni, naon ari budaya.

”Tah, lebah dieu pentingna pendidikan seni keur sakumna masarakat téh,” pokna deui.

Lain hartina urang kudu jadi seniman, cénah, tapi sakumna warga sakuduna némbongkeun rasa mikanyaah kana seni budaya.

“Saha deui atuh nu baris mikahéman kana kahirupan seni budaya Sunda, ari sanés urang Sundana sorangan mah,” ceuk ieu karyawan Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Jawa Barat téh.

Baca Juga: Putri Anjungsari (2)

Pikeun ngadorong nonoman Sunda reueus kana seni budaya, nurutkeun Nénéng Dinar, aya sawatara cara, di antarana, nu munggaran di lingkungan kulawarga, barudak diwanohkeun kana seni tradisi jeung budayana.

“Rék kumaha generasi ngora tiasa mikahéman tur mikacinta seni tradisi, mun ti barang gumelar teu diwanohkeun kana seni budayana,” pokna.

Di lingkungan sakola, ceuk Nénéng deui, mibanda tanggung jawab nu sarua geusan ngatik jeung ngadidik poténsi nonoman ngora sangkan ninun préstasi dina widang seni budaya Sunda, hususna pangajaran tembang Sunda atawa kawih Sunda.

“Ngan, anu jelas, kurikulum pendidikanana kedah disaluyukeun sareng kamekaran psikologis, model lagu nu kumaha nu saluyu sareng kamekaran psikologis barudak ngora,” pokna deui.

Baca Juga: Kasus AKI di Jawa Barat matak Pikangeneseun, dr. Nina Susana Déwi: “Ku Program KBPP, AKI tiasa Kaungkulan!”

Lebah dieu, ceuk Nénéng, taya goréngna mun urang niron métoda pangajaran ka nagara Jérman, Jepang, Koréa, jeung Cina, nu ngalarapkeun cinta lemah-cai ka wargana ku jalan ngawanohkeun lagu.

“Ngalarapkeun pendidikan karakter, di sawatara sakola di luar nagri, carana ku ngahaleuangkeun lagu,” cenah.*** 

 

Baca Juga: Anggota DPRD H. Uya Mulyana: Festival Sound System TSCR Mageuhkeun Beungkeutan Duduluran

Baca Juga: Di Kantor Golkar Kang Emil Ngaku Boga 'Follower' Jutaan di Media Sosial, Sabaraha Jumlahna Saenyana?

Baca Juga: Kiwari Dibaekeun, Konservasi Alam ku Karuhun Sunda Dipentingkeun pisan

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah